Hiragana
From Wikipedia, the free encyclopedia
Hiragana (平仮名, Hiragana?) nyaéta suku kata dina Basa Jepang, salah sahiji tina opat sistim nulis Basa Jepang, nyaéta katakana, kanji jeung rōmaji (atawa huruf Latin). Boh hiragana jeung katakana duanana maké sistim kana, nu mana unggal syumbol ngagambarkeun hiji mora. Unggal kana hurup hirup (saperti a あ); konsonan dituturkeun ku hurup hirup (saperti ka か); atawa n ん, nasal sonorant nu gumantung kana konteksna saperti m, n, atawa ng dina basa Inggris (IPA ŋ), atawa saperti nasal vowel dina Basa Perancis.
|
Hiragana dipaké keur kecap nu euweuh huruf kanji-na, kaasup partikel saperti kara から "ti," jeung ahiran saperti ~san さん "Bapa, Ibu, Akang, Teteh" Hiragana ogé dipaké keur kecap nu kanji-na teu dipikanyaho kunu nulis, ogé kunu maca, atawa bentuk formal keur kaperluan tulisan. Infleksi kecap pagawean jeung kecap sipat, upama dina conto tabemashita (食べました, ate?), BE MA SHI TA ditulis dina hiragana. Dina sababaraha kasus, bagéan akar ieu ogé ditulis dina hiragana. Hiragana ogé dipke keur kaperluan cara maca kanji disebutna furigana. Artikel sistim nulis Basa Jepang ngajelaskeun leuwih jéntré kumaha sistim nulis ieu dipaké.
Aya dua sistim utama keur susunan hiragana, susunan heubeul iroha, sarta susunan nu leuwih anyar gojūon.