From Wikipedia, the free encyclopedia
Kacang héjo salah sahiji rupa polong-polongan anu alus tumuwuh di daerah anu miboga iklim tropis.[1] Kacang héjo téh asalna ti India sarta dipelak di sakumna benua Asia.[2] Urang China purba ngamangpaatkeun kacang héjo pikeun bahan kadaharan jeung ubar pikeun nurunkeun panas sarta ngaluarkeun racun dina awak.[2] Kaonjoyan kacang héjo upama dibandingkeun jeung bahan kadaharan nu séjén nyaéta sanajan dikulubna lila (nepi ka ancur) khasiat kacang héjo henteu ngurangan, sarta henteu kapangaruhan ku panas.[1] Béda jeung bahan kadaharan anu séjén kawas sayur, bungbuahan, sarta ramuan tradisional séjénna anu saumpama di kulub lila teuing baris nurunkeun khasiat ubarna.[1]
Kacang hijau | |
---|---|
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | Magnoliophyta |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | Vigna |
Spésiés: | V. radiata |
Ngaran binomial | |
Vigna radiata (L.) R. Wilczek | |
Sinonim | |
Phaeolus aureus Roxb. |
Kandungan anu aya dina kacang héjo nyaéta protéin (nguatkeun daya tahan awak), kalsium jeung fosfor (nguatkeun tulang), vitamin B1 (mantuan prosés tumuwuh sarta ngahasilkeun énergi), vitamin B2 (mantuan nyerepna protéin dina awak), vitamin E (mantuan ngaronjatkeun kasuburan), zat beusi (mantuan pembentukan sél getih beureum), magnesium (ngajaga fungsi otot jeung syaraf) jeung lemak.[1] Kacang héjo ogé ngandung antioksidan anu méré mangpaat pikeun awak nyaéta nyegah penuaan dini sarta nyegah sumebarna sél kanker, ngajaga keasaman lambung, sarta mantuan ngalancarkeun pencernaan.[1]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.