![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/3/34/USS_Albany_%2528SSN-753%2529.jpg/640px-USS_Albany_%2528SSN-753%2529.jpg&w=640&q=50)
Kapal silem
From Wikipedia, the free encyclopedia
Kapal silem nyaéta kapal nu bangunna saperti sulutu, bisa jalan di jero atawa di luhur laut.[1] Kapal silem kaasup kapal perang, ari parabotna torpedo.[1] Prinsip dasar anu nyieun kapal silem bisa neuleum atawa muncul di permukaan nyaéta hal nu basajan pisan.[2] Kapal silem anu pang modérenna miboga dua lambung, atawa awak.[2] Balas cai ditunda antara lambung bagian jero sarta lambung bagian luar, anu bisa dianggap sarua jeung "carangka".[2]
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/3/34/USS_Albany_%28SSN-753%29.jpg/320px-USS_Albany_%28SSN-753%29.jpg)
![Bagéan-bagéan kapal silem](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/f/f2/Submarine_control_surfaces2.svg/640px-Submarine_control_surfaces2.svg.png)
Sabot kapal silem siap pikeun neuleuman laut, katup-katup badag anu dipikawanoh minangka "kingstons", nu perenahna di dasar tangki balas, dibuka pikeun ngantepna asup ka laut.[2] Hawa di jero tangki kaluar ngaliwatan katup-katup dina bagian luhur, anu dipikawanoh minangka "liang-liang angin".[2] Kapal silem éta asup kana cai.[2] Sabot kapal silem siap pikeun muncul ka permukaan, liang-liang angin ditutup sarta tekanan hawa di dorong asup kana tangki-tangki.[2] Hal ieu jadi niup cai ngaliwatan deui kingstons, sarta kapal silem éta naék.[2]
Supaya kapal silem bisa neuleuman laut sarta muncul ka permukaan, aya kemudi-kemudi horisontal nu dipasang dina lambung kapal.[2] Pikeun ngemudikeun kapal silem sabot usik ka luhur, aya hiji kemudi anu sarua kawas dina kapal-kapal biasa.[2] Kapal silem dibagi ku dinding-dinding pemisah anu nyilang jadi kompartemen-kompartemen.[2] Pikeun kaluar ti hiji kompartemen ka kompartemen séjén, hiji jalma kudu ngaliwatan panto-panto kedapcai, anu bisa nutupan kalayan gancang.[2] Kabéh kapal silem miboga liang-liang palka sarta paru-paru pengaman pikeun dipaké dina kaayaan darurat.[2]