Karét
From Wikipedia, the free encyclopedia
Karét nyaéta polimér hidrokarbon anu diwangun ku émulsi (latéks) tina geutah sawatara golongan tuwuhan tapi bisa ogé diproduksi sacara sintétis. Sumber utama latéks anu dipaké pikeun nyieun karét nyaéta Hevea brasiliensis (Euphorbiaceae) lantaran nyadap ieu tuwuhan baris ngahasilkeun latéks nu leuwih loba. Tuwuhan ieu di Indonésia ilahar disebut tuwuhan karét, sarua jeung produk anu dihasilkeunana.[1]
Tuwuhan séjénna anu ngandung latéks ti anatrana fig, euphorbia sarta dandelion. Tapi tutuwuhan kasebut henteu dijadi sumber utama pikeun nyieun karét.
Joseph Priestley, dina taun 1770 manggihan latéks anu digaringkeun sarta bisa menghapus tulisan patlot.
Di tempat asalna di Amérika Tengah sarta Amérika Kidul, karét geus dikumpulkan ti baheula mula. Peradaban Mésoamérika ngagunakeun karét tina tuwuhan Castilla elastica. Mésoamérika kuna ngagunakeun bal karét dina kaulinan maranéhanana.
Nurutkeun Bernal Diaz del Castillo, Conquistador Spanyol pohara kataji ku pantulan bal karét urang Azték sarta nganggap bal kasebut kaasupan sétan.
Di Brasil, masarakat lokal nyieun baju tahan cai tina karét. Hiji sakaol nyaritakeun cenah urang Éropa munggaran anu balik ka Portugal ti Brasil mawa baju anti-cai kasebut, sarta ngabalukarkeun masarakat kagét antukna manéhna dibawa ka pangadilan kalayan tuduhan ngagunakeun élmu goib.
Waktu karét dibawa ka Inggris, jalma-jalma niténan yén barang kasebut bisa ngahapus tulisan patlot dina keretas. Nya tina kajadian ieu mecenghul istilah "rubber" dina basa Inggris.