![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/4/4c/Siksikan_Koneng.jpg/640px-Siksikan_Koneng.jpg&w=640&q=50)
Konéng
From Wikipedia, the free encyclopedia
Konéng (Curcuma domestic) salah sahiji pepelakan nu kaasup ubar jeung sambara.[1] Salian ti éta, konéng ogé osok jadi bahan dasar pikeun kosmétik jeung tékstil.[2] Dumasar kana hasil panalungtikan taun 2003, yén konéng dumasar kana jumlah anu dibutuhkeun ku industri pikeun jadi ubar tradisional di Jawa Wétan aya dina réngking kahiji jeung di Jawa Tengah mah kalima panglobana anu maké bahan dasar ubar séjénna.[3] Kunyit dipikawanoh dina sagala rupa wewengkon kalawan sababaraha ngaran lokal saperti ''unin'' basa Ambon, ''gorachi'' basa Ternate nu hartina emas,[4] turmeric (Inggris), kurkuma (Walanda), turmeric (Indonésia jeung Malaysia), janar (Banjar), kunir (Jawa), huni (Bima), konyé (Madura), Kunyir (Komering), Cahang (Dayak Panyambung), Dio (Panihing), Uinida (Talaud), Kuni (Sangir), jeung Alawaha (Gorontalo).[5]
Konéng | |
---|---|
![]() | |
Konéng meunang nyiksikan | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | Spermatophyta |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | Zingiberaceae |
Subfamili: | Commelinidae |
Génus: | Curcuma |
Spésiés: | Curcuma longa L. |