Koréa Kidul
From Wikipedia, the free encyclopedia
Koréa Kidul, resmina dipikawanoh minangka Républik Koréa, nyaéta nagara di Asia Wétan nu aya dina satengah bagian kidul tina Semenanjung Koréa. Ka kalérna diwatesan ku Koréa Kalér (Democratic Péople's Republic of Koréa), nu saméméhna jadi hiji nagara Koréa kénéh nepi ka taun 1945. Ka kulonna, meuntasan Laut Konéng, ngampar Cina, sarta ka wétan kidulna, meuntasan Selat Koréa, ngampar nagara Jepang. Ampir satengahna pangeusi Koréa hirup di- atawa deukeuteun ibukota sarta kota panglegana, nyaéta Seoul, wewengkon métropolitan kadua panglegana di dunya.
| |||||
Motto: 널리 인간 세계를 이롭게 하라 (Mawa kauntungan keur kamanusan sacara lega, 弘益人間) | |||||
Lagu: Aegukga | |||||
Ibukota | Seoul 37°35′N 127°0′E | ||||
Kota panggedéna | Seoul | ||||
Basa resmi | basa Koréa | ||||
Pamaréntahan | Républik | ||||
- Présidén | Moon Jae-in (문재인 , 文在寅) | ||||
- Perdana Mentri | Kim Boo-kyum (김부겸 , 金富謙) | ||||
Ngadegna | |||||
- Gojoseon | 3 Oktober 2333 SM (numutkeun legenda) | ||||
- Déklarasi jadi Républik | 1 Maret 1919 (de jure) | ||||
- Kamerdikaan | 15 Agustus 1945 | ||||
- Républik Munggaran | 15 Agustus 1948 | ||||
Wewengkon | |||||
- Total | 100,210 km² (108th) | ||||
38,691 sq mi | |||||
- Cai (%) | 0.3% | ||||
Populasi | |||||
- Perkiraan taun Juli 2005 | 47,817,000 (ka-25) | ||||
- Sénsus taun 2000 | 45,985,289 source | ||||
- Kapadetan | 480/km² (ka-19) 1,274/sq mi | ||||
GDP (PPP) | 2005 (éstimasi) | ||||
- Total | $994.4 miliar (ka-14) | ||||
- Perkapita | $20,590 (ka-33) | ||||
HDI (2003) | 0.901 (ka-28) – luhur | ||||
Mata uang | Won Koréa Kidul (KRW ) | ||||
Wewengkon wanci | Korea Standard Time (UTC+9) | ||||
Internét TLD | .kr | ||||
Kode telepon | +82 |
- Keur informasi leuwih detil ngeunaan sajarah Koréa, tempo Koréa.
Ti saprak ngadegna dina taun 1948, nagara ieu geus bajoang salila 35 taun sanggeus aya pagawéan Jepang, Perang Koréa, sarta puluhan taun dina pangaturan militér, pinanggih jeung lima parobahan konstitusi nu utama. Démonstrasi pro démokrasi dina taun 1980 mawa kana pamilu bébas dina taun 1987. Koréa Kidul kiwari ngagem démokrasi multi-partai.
Ékonomi Koréa Kidul tumuwuh kacida gancangna ti taun 1950 nepikeun ka ayeuna téh mangrupa hiji nagara nu ékonomina ka-10 panggedéna (numutkeun nilai nominal) sadunya. Koréa Kidul ogé salah sahiji nagara di dunya ieu nu pangmajuna sacara téhnologi sarta kahubungkeun sacara digital. Koréa Kidul mangrupa nagara unggal jalmana (id: per kapita) mibanda konéksi internét pita lega (broadband) kadua pangluhurna sadunya[1], sarta mangrupa pamingpin global dina widang cocooan komputer, display digital, wangunan kapal jeung telepon mobil.
Industri hiburan Koréa Kidul tumuwuh subur ti taun 1990, mroduksi kasuksésan Asia-wide dina musik, televisi, jeung pilem dina fénomena nu disebut Hallyu, atawa "galura Koréa". Tapi sanajan kitu, nagara ieu masih pengkuh nyekel adat jeung tradisi baheula, saperti kadaharan jeung muja karuhun nu unik.