Krisis finansial Asia 1997
From Wikipedia, the free encyclopedia
Krisis finansial Asia 1997 nyaéta krisis finansial anu dimimitian dina bulan Juli 1997 di Thailand, sarta mangaruhan duit, bursa saham, sarta harga aset séjénna di sawatara nagara Asia, sawaréh Macan Asia Wétan. Kajadian ieu ogé mindeng disebut krisis moneter ("krismon") di Indonésia.
Indonésia, Koréa Kidul, sarta Thailand nyaéta nagara anu pangparnana kakeunaan akibat krisis ieu. Hong Kong, Malaysia, sarta Filipina ogé terpengaruh. Daratan Tiongkok, Taiwan, sarta Singapura ampir henteu terpengaruh. Jepang henteu terpengaruh loba tapi ngalaman kasulitan ékonomi jangka panjang.