Kutang
baju jero kanggo pinareup / From Wikipedia, the free encyclopedia
Kutang nyaéta sabangsaning baju jero nu dipakéna di jeroeun papakéan.[1] Nu maké kutang téh awéwé sangkan cangkéng jadi lengkéh jeung pinareup katingali nyentreu beuneur.[1] Ilaharna kutang dirarancang kalayan bentukna anu ngepas pikeun ngangkat pinareup sangkan teu rayud.[2] Mimitina kutang dijieun pikeun pungsina anu tangtu, tapi lila-lila, kutang dieuyeuban ku desain anu matak ngirut.[2] Ayeuna mah kutang téh geus ngésér maknana, lain kabutuhan papakéan deui tapi geus jadi fashion.[2] Standar produsén jeung ukuran anu loba, ngabalukarkeun héséna manggihan kutang anu cocog.[2] Pinareup awéwé, ukuran, jeung bentukna teu sarua, bisa barobah gumantung kana siklus ménstruasi, kakandungan, atawa beuratna awak.[2] Balukarna 80% awéwé salah maké kutang alatan ukuran anu teu cocog, di antarana 70% awéwé maké kutang anu leutik teuing, 10% awéwé maké kutang anu gedé teuing.[2]