Langir
From Wikipedia, the free encyclopedia
Langir atawa kala nyaéta arthropoda predator ti ordo Scorpiones di kelas Arachnida. Sukuna aya dalapan, boga ciri utama sapasang cacapit anu badag jeung buntut leutik anu tungtungna boga panyeureud, gedéna antara 9 mm (Typhlochactas mitchelli) nepi ka 20 cm (Hadogenes troglodytes).[1][2]
Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Superfamili ...
Langir | |
---|---|
Langir leuweung Asia di Taman Nasional Khao Yai, Thailand | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | Arthropoda |
Subfilum: | Chelicerata |
Kelas: | Arachnida |
Subkelas: | Dromopoda |
Ordo: | Scorpiones C. L. Koch, 1837 |
Superfamili | |
Baca klasifikasi pikeun famili. |
Tutup
Tapak évolusi langir kapanggih nepi ka jaman Siluria 430 juta taun kaliwat, hirup dina rupa-rupa lingkungan di sakuliah buana, iwal Antartika. Anu geus kacatet, aya 1750 spésiés,[3] anu kabagi 13 famili. Tina anu loba ieu, ngan 25-an anu peurahna bisa nelasan manusa.[4]:1.