Mesin Ekstrusi
From Wikipedia, the free encyclopedia
Mesin Ekstrusi/Extrusion/ Co-Extrusion mangrupa salah sahiji mesin (umumna plastik) anu mibanda kagunaan pikeun nyieun lambaran plastik, di mana dina salambar plastik éta diwangun ku sababaraha lambaran plastik anu tiap lambar plastik éta béda sipat hiji jeung anu liana. Tangtuna ieu mesin kasup kana pamanggih kiwari anu méré bongbolongan ka para ahli téhnik bahan (R&D Material) di mana saméméhna ngarasa hésé pisan nyieun sababaraha campuran anu saluyu gesan nedunan paménta manufaktur atawa pabrik.[1] Coextruding anu dimangpaatkeun dina widang pamungkus kadaharan umpamana, bisa nyieun hiji bungkus anu ngabutuhkeun hiji kaayaan anu husus umpamana, henteu gampang tengi kana eusina atawa lamun dieusi bahan kimia henteu ngabalukarkeur kontaminasi/mangaruhan kana barang anu disagigireuna naha dina waktu ngirim/salila diperjalanan kanumeuli atawa dinamangsa disimpen di toko saméméh aya anu meuli. ieu bisa di jieun hiji bahan pamungkus anu diwangun ku sababaraha lapis dina salambarna, numutkeun kana sipat jeung katangtuan bahanna bisa minuhan éta kabutuhan tadi.[2]