Mosambik
From Wikipedia, the free encyclopedia
Mosambik, resmina Républik Mosambik (Basa Portugis: Moçambique atawa República de Moçambique, dilapalkeun: [ʁɛˈpublikɐ di musɐ̃ˈbiki]), nyaéta hiji nagara di Africa beulah tenggara. Nagara ieu wawatesan jeung Samudra Hindia di wétan, Tanzania di kalér, Malawi jeung Zambia di kalér-kulon, Zimbabwé di kulon, sarta Swaziland sareng Afrika Kidul di kidul-kulon. Ibu kotana nyaéta Maputo, baheulana kawanoh salaku Lourenço Marques.
República de Moçambique Républik Mosambik |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Lagu Pátria Amada |
||||||
Ibu kota (jeung kota panggedéna) | Maputo 25°57′S 32°35′E | |||||
Basa resmi (Basa wewengkon) |
Basa Portugis (Basa Swahili, Basa Makhuwa, Basa Sena) |
|||||
Grup étnis | Afrika 99,66% (Makhuwa, Tsonga, Lomwe, Sena, jeung nu lian) Éropa 0,06% Euro-Afrika 0,2% India 0,08% |
|||||
Démonim | Mozambican | |||||
Pamaréntah | Républik parleméntér | |||||
- | Présidén | Filipe Nyusi | ||||
- | Perdana Mentri | Carlos Agostinho do Rosário | ||||
Kamerdikaan | ||||||
- | ti Portugal | 25 Juni 1975 | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 801.590 km² (ka-35) 309.496 mil² |
||||
- | Cai (%) | 2,2 | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2009 | 22.894.000[1] (ka-54) | ||||
- | Sénsus 2007 | 21.397.000 (ka-52) | ||||
- | Kapadetan | 28,7 /km² (ka-178) 74,3 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2010 | |||||
- | Total | $21,809 milyar[2] | ||||
- | Per kapita | $1.010[2] | ||||
GDP (nominal) | Perkiraan 2010 | |||||
- | Total | $9,893 milyar[2] | ||||
- | Per kapita | $458[2] | ||||
Gini? (1996–97) | 39,6 (sedeng) | |||||
HDI (2010) | 0,280 (handap) (ka-165) | |||||
Mata uang | Metical Mosambik (Mtn) (MZN ) |
|||||
Zona wanci | CAT (UTC+2) | |||||
- | Usum panas (DST) | teu kaobsérvasi (UTC+2) | ||||
TLD Internét | .mz | |||||
Kode telepon | +258 | |||||
1 | Pakiraan pikeun nagara ieu kuduna mah diperhatoskeun ogé kana lobana nu pupus akibat AIDS; hal ieu bisa nyababkeun ajén harepan hirup nu leuwih saeutik, tingkat pupusna orok jeung jalmi nu leuwih luhur, populasi jeung kamekaran populasi nu leuwih handap, jeung robihna panyebaran populasi dumasar umur jeung lalaki/awéwé tinimbang nu dikira. |
Antara abad ka-1 jeung ka-5 M, masarakat basa Bantu migrasi ti kalér jeung kulon. Swahili, jeung saterasna ogé, Arab, palabuan padagangan aya sapanjang basisir nepi ka datangna bangsa Éropa. Wewengkon ieu dijelajahan ku Vasco da Gama dina 1498 jeung dijajah ku Portugal dina 1505. Mosambik merdika dina 1975, jeung jadi Républik Rahayat Mosambik sakedap sanggeusna. Aya perang sadulur ti 1977 nepi ka 1992.