Pandémi koronavirus 2019 di Amérika Sarikat
From Wikipedia, the free encyclopedia
Pandémi koronavirus 2019 di Amérika Sarikat mimiti kapanggih di tanggal 20 Januari 2020.[4] Per tanggal 2 April 2020, kacatet geus aya 215.344 kasus positip virus korona, sarta 5.112 urang anu tiwas ku sabab ieu sasalad.[5][6][7][8] Tuluy isukanana di tanggal 3 April, kacatet geus aya 243.970 kasus (28.967 kasus anyar), sarta anu tiwas nepi ka 5.883 orang (781 kasus anyar).[9]
Wewengkon nagara bagian di Amérika Sarikat kalawan kasus kakonfirmasi per tanggal 13 Maret 2020
██ Kakonfirmasi <50██ Kakonfirmasi 51–150██ Kakonfirmasi 151–300██ Kakonfirmasi 301-800██ Kakonfirmasi >801 | |
Panyakit | COVID-19 |
---|---|
Galur Virus | SARS-CoV-2 |
Lokasi | Amérika Sarikat |
Kasus munggaran | Everett, Washington |
Tanggal mimiti aya | 21 Januari 2020 |
Asal | Wuhan, Hubei, Tiongkok |
Kasus kakonfirmasi | |
Kasus pulih | 1,075,882 |
Tilar dunya |
Kasus virus korona di Amérika Sarikat geus kawilang parah dibanding jeung nagara séjén di dunya. Kacatet dina sapoé, ti tanggal 25 Maret nepi ka 26 Maret, geus aya 12.000 kasus baru jelema anu positip virus korona.[10] Malahan mah jumlah kasus di Amérika Sarikat ngaleuwihan jumlah kasus di Tiongkok, sarta disebut-sebut jadi nagara nomer hiji kasus COVID-19 panglobana sadunya.[11][12][13]
Sabab-sabab kasus COVID-19 di Amérika Sarikat kawilang loba di antarana kurangna véntilator pikeun pasién positip, distribusi alat uji anu lila, pamaréntah pusat AS anu embung ngalumakukeun kawijakan lockdown sa-Amérika Sarikat, sarta lolobana kasus positip ngarumpul di Kota New York.[14]