Romanisasi aksara Jepang
From Wikipedia, the free encyclopedia
Romanisasi kecap Basa Jepang, nyaéta nuliskeun karakter nu asalna tina tulisan (kanji) Basa Cina jeung skrip suku kata (kana) kana hurup Latin, keur kaperluan nuliskeun tanda jalan, ngaran sarta dina kamus jeung teks book keur urang luar nu hayang diajar Basa Jepang.
Aya sababaraha sistem romanisasi, tilu sistim nu penting nyaéta Hepburn romanization, Kunrei-shiki (ISO 3602), jeung Nihon-shiki (ISO 3602 Strict). Variasi Hepburn nu leuwih remen dipaké.
Masyarakat Jepang nu sakola dasar ti mimiti Perang Dunya Kadua diajar maca jeung nulis tulisan latin, disebutna rōmaji (ローマ字, rōmaji?) dina Basa Jepang. Romanisasi ogé ilahar dipaké keur kecap Basa Jepang dina pengolah kata jeung komputer. ku sabab kitu, ngan sabagéan leutik ti generasi kolot, nu bisa maca jeung nulis make, sanajan sabagéan tina buku teks jeung nu diajar Basa Jepang jarang ditulis dina tulisan latin sacara lengkep. Loba kecap dina Basa Jepang mun dituliskeun kana romaji malah jadi ngabingungkeun nu maca.