Sapfo
From Wikipedia, the free encyclopedia
Sapfo; Sappho (/ˈsæfoʊ/; Basa Yunani: Σαπφώ Sapphō hu Aeolic Greek Ψάπφω Psápphō; c. 630 – c. 570 BC) Nyaéta saurang pujangga asal Yunani kuna dumuk di Eresos atawa Mytilene di pulo Lesbos.[lower-alpha 1] Sapfo dipiwanoh dina lirik puisina, nu ditulis pikeun ditembangkeun bari dipirig ku musik/gamelan. Jaman baheula, Sapfo dina umumna dianggap salaku saurang pujangga anu mana lirik-lirikna kamashur malahan dingaranan saperti "Tenth Muse" jeung "The Poetess". Kalolobaan Puisi Sapfo kiwari geus laleungitan, sanajan aya ogé anu nyésa kalolobaan ngawujud fragmén/potongan; Kajaba Ode to Aphrodite masih kénéh dina kaayan weuteuh. Kitu deui jeung lirik puisina, Koméntator kuna nyebutkeun cenah gaya nulis Sapfo lirik puisina élegi jeung iambic. Aya tilu épigram anu disangkut pautkeun jeung sapfo, Sok padahal éta mah Hellenistik meunang niron tina gaya nulisna sapfo.
Saeutik pisan anu dipikanyaho ngeunaan kahirupan Sapfo. Anjeuna téh kawasna katurunan kulawarga beunghar ti Lesbos, Sanajan teu kungsi kanyahoan saha ngaran kolotna. Ceuk sumber kuna nyebutkeun cenah sapfo téh boga tilu dulur lalaki; Charaxos (Χάραξος), Larichos (Λάριχος) jeung Eurygios (Εὐρύγιος). Dua diantarana, Charaxos jeung Larichos, disebutkeun dina puisina “ Brothers Poem” kapanggih taun 2014. Manéhna Safo ditundung/diasingkeun ka Sicily kurang leuwih taun 600 SM, éta ogé meureun terus lumangsung digawé nepi ka taun 570 SM. Numutkeun kana legenda, anjeuna nelasan manénéh/bunuh diri kujalan luncat tina gawir Leucadian alatan ambon sorangan mikahayang ka Phaon tukang perahu.
Sapfo saurang pujangga anu loba ngahasilkeun puisi, meureun lamun dikumpulkeun aya kana 10,000 baris. Puisina kakoncara sareng seueur anu mikayungyun, Safo ogé kalebet salah saurang kanon Salapan Pujangga Lirik anu paling dipihormat ku sarjana Hellenistic Alexandria. Puisi-puisi Sapfo masih dianggap luar biasa sareng karya-karyana terus mangaruhan panulis sanés. Disaluareun puisina, anjeunna kasohor salaku simbol Lesbian cinta ka sasama awéwé,[2] dina kecap basa Inggris sapphic jeung lesbian diturunkeun tina ngaran dirina sareng pulo asalna masing-masing.