nagara di Asia kulon From Wikipedia, the free encyclopedia
Karajaan Saudi Arabia (Basa Arab: المملكة العربية السعودية) nyaéta nagara panglegana di Semenanjung Arab. Nagara ieu wawatesan jeung Jordania di kulon kalér, Iraq di kalér jeung wétan kalér, Kuwait, Qatar, Bahrain, jeung Uni Émirat Arab di beulah wétan, Oman di wétan kidul, sarta Yaman di beulah kiduleunnana, kalayan Teluk Pérsia di beulah wétan kalér jeung Laut Beureum di beulah kuloneunnana. Nagara ieu disebut "lemahna dua masjid suci", minangka rujukan ka Mekah jeung Madinah, dua kota pangsucina dina ageman Islam. Nagara ieu nujul kana Saudi Arabia (ngecapkeun dina basa Inggris /ˈsɒdɪ əˈɹeɪ̯bɪə/), السعودية /ælʕɑrɑˈbiː æsːæʕuːˈdijːæ/ atawa Arabia wungkul, nu henteu pati ilahar (saperti dina maén bal), KSA.
Motto: basa Arab: لا إله إلا الله محمد رسول الله (Alihaksara: lā ilāhā illā-llāhu; muhammadu-r-rasūlu-llāhi) (Alihbasa: "Teu aya deui Pangéran anging Gusti Allah sareng Nabi Muhammad éta utusan Allah") | |
Lagu: Aash Al Malik | |
Ibukota | Riyadh |
Kota panggedéna | Riyadh |
Basa resmi | Basa Arab |
Pamaréntahan | Karajaan absolut |
- Raja | Salman bin Abdulaziz |
- Pangéran | Muqrin Bin Abdul Aziz |
Ngadegna | Minangka Karajaan |
- Didéklarasikeun | 8 Januari, 1926 |
- Diaku | 20 Méi, 1927 |
- Ngahiji | 23 Séptémber, 1932 |
Wewengkon | |
- Total | 2.149.690 km² (ka-14) |
829.996 sq mi | |
- Cai (%) | saeutik |
Populasi | |
- Perkiraan taun 2006 | 25.192.7201 (ka-462) |
- Kapadetan | 11/km² (ka-205) 29/sq mi |
GDP (PPP) | 2005 (éstimasi) |
- Total | $351.996 milyar (ka-27) |
- Perkapita | $ 15.229 (ka-46) |
HDI (2003) | 0,772 (ka-77) – sedeng |
Mata uang | Riyal (SAR ) |
Wewengkon wanci | (UTC+3) |
Internét TLD | .sa |
Kode telepon | +966 |
1Populasina diperkirakeun 5,576,076 non-nasional 2Réngking dumasar kana itungan taun |
Nagara ieu dimimitian di Arabia tengah kira-kira taun1750. Saurang pangawasa lokal, Muhammad bin Saud, ngagabung jeung ajengan sarta pembaharu Islam ngaranna syékh Muhammad Abdul Wahhab, pikeun nyiptakeun sahiji entitas pulitik anyar. Salila saratus lima puluh taunsaterusna, nasib kulawarga Saud sawatara kali naék-turun dina usahana ngalawan Mesir, Kakaisaran Utsmaniyah, sarta kulawarga Arab séjénna pikeun ngawasa semenanjung Arabia éta. Nagara Arab Saudi pamustunganana nangtung di handapeun kapamingpinan almarhum Raja Abdul Aziz Al-Saud (anu ogé ditulis minangka Abdul Aziz bin Saud).
Dina taun1902, Abdul Aziz bin Saud junun ngawasa Riyadh, puseur dayeuh karuhun kulawarga Al-Saud, ti kakawasaan lawanana nyaéta kulawarga Al-Rashid. Abdul Aziz nuluykeun usahana kalayan ngawasa Al-Ahsa, Al-Qatif, sésa wewengkon Najd, sarta Hijaz antara taun1913-1926. Dina tanggal 8 Januari 1926, Abdul Aziz bin Saud nyokot gelar Raja Hijaz. Dina tanggal 29 Januari 1927, manéhna nyokot gelar Raja Najd. Ngaliwatan Perjangjian Jeddah anu ditandatanganan dina 20 Méi 1927, Inggris ngaku kamerdikaan wewengkon kakawasaan Abdul Aziz, anu saterusna dipikawanoh minangka Karajaan Hijaz sarta Najd. Dina taun1932, kadua wewengkon ieu ngahiji sarta robah jadi Karajaan Arab Saudi.
Kapanggihna minyak bumi dina bulan Maret 1938 geus ngarobah ékonomi nagara, sarta saterusna méré kamakmuran anu badag pikeun karajaan ieu.
Institusi pamaréntahan utama di Arab Saudi nyaéta Karajaan Saudi. Undang-undang dasar anu diadopsi dina taun1992 nyatakeun Saudi Arabia minangka hiji karajaan anu diparéntah ku anak sarta incu ti raja kahiji, Abdul Aziz Al-Saud, sarta Al Qur'an minangka konstitusi nagara ieu anu dijalankeun dumasar hukum Islam (saréat).
Euweuh partéi pulitik atawa pamilihan umum nasional anu diaku, kajaba pamilihan lokal anu diayakeun di taun2005. Kakawasaan raja sacara téoritis diwatesan ku saréat Islam sarta talari Saudi séjénna. Manéhna ogé kudu nengetan konsensus para kulawarga karajaan Saudi, pamingpin ageman (ajengan), sarta elemen penting séjénna dina masarakat Saudi. Idéologi nagara nyaéta Salafi. Karajaan nyebarkeun falsafah Islam ieu ngaliwatan pangwangunan masjid sarta madrasah di sakumna dunya. Kulawarga karajaan milih raja ti antara maranéhanana sorangan, saterusna ménta kasapukan ti ajengan.
Saudi Arabia kabagi jadi 13 propinsi (manatiq, tunggal - mintaqah).
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris. Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun. |
Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Saudi Arabia ku jalan nyungsi proyék sabaraya Wikipédia | |
---|---|
Définisi kamus ti Wiktionary | |
Buku téks ti Wikibooks | |
Cutatan ti Wikiquote | |
Téks sumber ti Wikisource | |
Gambar jeung média ti Commons | |
Warta ti Wikinews | |
Sumber pangajaran ti Wikiversity |
Pamaréntah
Sawangan
Diréktori
Iber
Lianna
Tempo ogé Saudi Arabia di Wikivoyage
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.