Riyadh

From Wikipedia, the free encyclopedia

Riyadh
Remove ads

Citakan:Other uses

Fakta Singget Riyadh الرياض, Nagara ...

Riyadh (Basa Arab: الرياض dialihaksarakeun Ar Riyāḍ dilapalkeun [ʔɑrːiˈjɑːdˤ]) nyaéta ibu kota jeung kota panggedéna di Saudi Arabia. Riyadh ogé nyaéta ibu kota ti Propinsi Riyadh, sarta kaasup kana wewengkon baheula Najd jeung Al-Yamama. Kota ieu aya di bagian tengah Semenanjung Arab dina hiji plato nu gedé, sarta miboga populasi kira-kira 5.254.560 jiwa. Kota ieu dibagi kana 15 distrik kota (~kacamatan), di handapeun Kotamadya Riyadh nu diluluguan ku Walikota Riyadh, sarta Otoritas Pamekaran Riyadh, nu diluluguan ku Gubernur Propinsi Riyadh. Riyadh miboga universitas putri nu panggedéna sadunya, Universitas Putri Nora binti Abdurrahman.[1].

Remove ads

Angkutan

Bandar Udara

Bandar Udara Internasional Raja Khalid (IATA: RUH), mangrupa bandar udara utama Riyadh, aya kirang langkung 35 kilométer kaléreun puseur kota.

Jalan

Riyadh miboga sistem jalan modéren. Jalan Lingkar Wétan ngahubungkeun bagian kidul jeung kalér Riyadh, samentara Jalan Lingkar Kalér ngahubungkeun bagian wétan jeung kulon. Jalan Raja Fahd ngaliwatan puseur kota ti kalér ka kidul, sajajar jeung Jalan Lingkar Wétan. Jalan Makkah, ngaliwatan puseur kota ti wétan ka kulon.

Karéta

Badan Karéta Api Saudi Arabia ngoperasikeun 2 rupa jalur nu béda pikeun karéta panumpang jeung karéta barang antara Riyadh jeung Dammam liwat Hofuf, jeung Haradh.

Angkutan umum

PT Saudi Arabian Public Transport (SAPTCO), jaringan beus nasional, ngoperasikeun angkutan panumpang ka sababaraha kota jeung nagara tatangga.

Hiji rancangan jaringan métro kalawan 6 jalur enggeus disatujuan.[2]

Remove ads

Tingali ogé

Portal Portal Portal Portal
Ikon portal Portal Saudi Arabia
  • Daptar dayeuh jeung kota di Saudi Arabia

Catetan jeung rujukan

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads