![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/c/ce/Schmied_in_Buanurac%252C_Loi-Huno_2.jpg/640px-Schmied_in_Buanurac%252C_Loi-Huno_2.jpg&w=640&q=50)
Ububan
From Wikipedia, the free encyclopedia
Ububan disebut ogé puputan nyaéta pakakas gosali paranti niup piruruh/parapén sangkan seuneuna tetep hurung. Baheula ububan dijieun tina tangkal jambé ku jalan dikorowék tengahna tuluy dipiceun jeroanana, kiwari biasana dijieun tina bahan séng anu dibuleudkeun panjangna kira-kira satangtung, jumlahna aya dua kénca jeung katuhu, cara makéna kawas kopa, hawana anu kaluar keur niup ruhak areng anu aya dina parapén. Aya deui nu maké lambusan, nyaéta kantong hawa anu dijieun tina kulit, hawana disebrotkeun kana parapén, sangkan seuneuna tetep hurung. Lambusan tukang patri mah dijieun siga kipas angin, diputerkeun ku leungeun, kawas kincir. Kiwari ububan geus réa anu diganti maké kincir mesin (blower) ngagunakeun tanaga listrik, angin anu disebrot keun leuwih mayeng jeung lila. [1][2]
![](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/c/ce/Schmied_in_Buanurac%2C_Loi-Huno_2.jpg/640px-Schmied_in_Buanurac%2C_Loi-Huno_2.jpg)