Yasin
From Wikipedia, the free encyclopedia
Surat Yasin (basa Arab:يس) nyaéta surat ka-36 dina al Qur'an. Surat ieu diwangun ku 83 ayat, kaasup golongan surat-surat Makkiyah sarta diturunkeun sanggeus surah Al Jin.[1] Dingaranan Ya Sin alatan dimimitian ku aksara Ya Sin. Sakumaha halna harti hurup-hurup dina abjad anu perenahna dina awal sawatara surat Al Qur'an, mangka kitu ogé harti Ya Sin anu aya dina ayat munggaran surat ieu, nyaéta Alloh ngisaratkeun yén sanggeus hurup kasebut baris disingkabkeun hal-hal anu penting ti antarana: Alloh sumpah kalayan Al Qur'an yén Muhammad SAW bener-bener hiji rosul anu diutus ku Mantenna ka kaum anu tacan kungsi diutus ka maranéhanana rosul-rosul.