Zoroaster
From Wikipedia, the free encyclopedia
Zoroaster atawa Zarathustra (basa Parsi: زرتشت (Zartosht),basa Kurdi: Zerdeşt, basa Gujarati: જરતોશ્ત, basa Yunani: Ζωροάστρης, (Zoroastres), jeung basa Latin: Zoroaster) nyaéta ngaran hiji nabi ti Pérsia (kiwari Iran). Anjeunna nyaéta nu ngarintis Zoroastrianisme nu diagem ku bangsa Pérsia.[1] Anjeunna ogé mangrupa imam pangajar.[1] Zarathustra disawang hirup di taun 650-550 SM. Aya ogé nu nyebutkeun anjeunna hirup ti taun 1200-1600.[1][2]