11 Nopémber

From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

11 Nopémber nyaéta poé ka-315 dina sataun (ka-316 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 50 poé.

1
2345678
9101112131415
16171819202122
23242526272829
30  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 1028 – Konstantin VIII tilar dunya, ngeureunan pangawasaanna minangka raja Karajaan Byzantium salila 66 taun.
  • 1572Tycho Brahe nengetan supernova SN 1572.
  • 1673 – Patempuran Hotin Kadua: Pasukan Pasamakmuran Polandia-Lithuania dina pingpinan Jan Sobieski ngéléhkeun Turki Ustmani. Dina patempuran ieu rokét buatan Kazimierz Sieminenowicz hasil digunakeun.
  • 1675Gottfried Leibniz ngébréhkeun kalkulasi integral pikeun munggarannana keur manggihan aréa di sahandapeun grafik y = ƒ(x).
  • 1778 – Pangbantéan Cherry Valley: Pasukan loyalis jeung Indian Seneka nyerang bénténg jeung désa di wétan New York dina Perang Révolusionér Amérika, nelasan leuwih ti 41 warga sipil jeung soldadu.
  • 1839 – Institiut Militer Virginia diadegkeun di Lexington, Virginia.
  • 1869 – Aturan Palindungan Aborigin Victoria ditanjerkeun di Australi, méré wewenang ka pamaréntah pikeun ngatur kahirupan urang-urang Aborigin, nu antukna nungtun kana Generasi nu Dipaling, di mana barudak Suku Aborigin jeung barudak pangeusi pulo-pulo Selat Torres dicarokot ti kolotna terus dipindahkeun ka tempat séjén sangkan kahareupna ngalaman asimilasi.
  • 1918 – Dina Perang Dunia I, Jérman néken pasatujuan daméy jeung Sakutu di jalan karéta di Leuweung Compiègne, Picardy, Perancis.
  • 1918Józef Piłsudski nyepeng kakawasaan militer pangluhurna di Polandia, ngalambangkeun poé kahiji kamerdékaan Polandia.
  • 1923Adolf Hitler ditahan di Munich pikeun panghianatan tingkat tinggi alatan peranna dina Beer Hall Putsch.
  • 1930 – Paten nomer US1781541 dibikeun ka Albert Einstein jeung Leó Szilárd pikeun ciptaanna, réfrigrator Einstein.
  • 1940Patempuran Taranto dina Perang Dunia II, Royal Navy (angkatan laut Inggris) ngaleupaskeun serangan kapal udara di kapal ka kapal nu munggaran dina sajarah.
  • 1961 – Tilu welas anggota Pasukan AU Italia nu diturunkeun di Kongo minangka bagian tina pasukan perdaméan PBB dibantéy ku sakumpulan massa di Kindu.
  • 1965 – PM Rhodesia Kidul Ian Smith sacara sapihak ngadéklarasikeun kamerdékaan koloni Inggris éta jadi nagara Rhodesia nu teu diaku.
  • 1975Angola merdéka ti Portugal.
  • 1977 – Beledugan bahan amunisi di hiji stasion karéta di Iri, Koréa Kidul nelasan saheunteuna 56 jalma.
  • 2000 – Saratus lima puluh lima tukang ski jeung tukang papan luncur maraot nalika hiji karéta kabel kahuruan di hiji torowongan di Kaprun, Austria.
  • 2001 – Jurnalis Pierre Billaud, Johanne Sutton jeung Volker Handloik palastra di Afghanistan nalika serangan kana konvoy nu diiluan ku maranéhna.
  • 2004PLO mastikeun maotna Yassér Arafat ku sabab nu teu kanyahoan. Mahmud Abbas dipilih jadi pupuhu PLO teu lila ti harita.
Remove ads

Nu babar

  • 1885George S. Patton, jéndral Amérika (td. 1945)
  • 1960Stanley Tucci, aktor Amérika
  • 1962Demi Moore, artis Amérika
  • 1964Calista Flockhart, artis Amérika
  • 1974Leonardo DiCaprio, aktor Amérika
  • 1974 – Static Major,pangawih R&B Amérika (td. 2008)
  • 1977Maniche, pamaén bola Portugis
  • 1983Philipp Lahm, pamaén bola Jérman
  • 1992Trey Smith, aktor, tukang ngawih Amérika
  • 1999Nabilah Ratna Ayu Azalia, artis Indonésia
Remove ads

Nu pupus

683Yazid I, khalifah dinasti Umayyah (l. 647)

1028Konstantin VIII, Kaésar Byzantium (l. 960)

2004Yassér Arafat, présidén Otoritas Nasional Paléstina (;. 1929)

Poé peré /poé panginget-nginget

Tumbu luar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads