1 Désémber

From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

1 Désémber nyaéta poé ka-335 dina sataun (ka-336 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 30 poé.

123456
78910111213
14151617181920
21222324252627
28293031  
Tanggal ieu dina sawatara taun panungtung
2019 | 2018 | 2017 | 2016
Baca ogé: Kalénder kajadian

Kajadian

  • 1913 – Pausahaan Ford Motor ngenalkeun lajur pangrakitan nu munggaran gerak.
  • 1918 – Karajaan Sérbia, Kroasia jeung Slovénia (nu jagana katelah ku Karajaan Yugoslavia) diproklamirkeun.
  • 1934 – Di Uni Soviét, anggota Politbiro Sergey Kirov ditelasan. Stalin mangfaatkeun hal ieu pikeun alesan dilaksanakeunna Pangbersihan Raya.
  • 1941Perang Dunia II: Kaésar Hirohito ti Jepang ngaréstuan pikeun ngamimitian perang ngalawan Amérika Sarikat.
  • 1952 – Koran New York Daily ngawartakeun béja Christine Jorgensen, kasus operasi ngaganti larangan nu munggaran kaceluk.
  • 1955 – Pagerakan Hak Asasi Manusa di Amérika: Di Montgomery, Alabama, hiji tukang jait awéwé nolak mikeun tempat diukna dina beus ka hiji urang bulé sarta tuluy ditahan ku alesan ngalanggar aturan hukum pamilahan rasial, hiji insidén nu nungtun kana diboykotna beus kota éta.
  • 1958 – Sakola Our Lady of the Angels di Chicago kahuruan, nelasan 92 budak jeung 3 suster.
  • 1959 – Perang Dingin: Poé bubuka pikeun panékenan perjangjian Antartik, nu nempatkeun Antartika pikeun cadangan kailmuan sarta ngalarang aktipitas militer di daratan éta.
  • 1960Paul McCartney jeung Pete Best ditahan (sarta tuluy didéportasi) ti Hamburg, Jérman Kulon, sanggeus dituduh rék nyieun huhuruan.
  • 1974 – Pasawat TWA 514, hiji Boeing 727, murag di kalér kuloneun Bandara Internasional Dulles, nelasan kabéh 92 jalma di jero kapal.
  • 1974 – Pasawat Northwest Airlines 6231, Boeing 727 séjénna, murag di kalér kulonen Bandara Internasional John F. Kennedy.
  • 1977 – Pinwheel is dipedalkeun, kiwari nelah ku Nickelodeon.
  • 1981 – Pasawat Inex-Adria Aviopromet 1308, hiji McDonnell Douglas MD-80, murag di Korsika, nelasan kabéh 180 jalma di jero kapal.
  • 1988 – Poé AIDS Dunia diproklamirkeun ka sakuliah dunya ku nagara-nagara anggota PBB.
  • 1989 – Usaha kudéta di Philipina: pamumpang sayap militer tengen ngawangun Pagerakan Pasukan Basanjata pikeun usaha kudéta nu tuluy gagal jeung banjir getih nu tadina rék nyingkirkeun Présidén Corazon Aquino.
  • 1990 – Buku Jalur Torowongan nu dimimitian ti Inggris jeung Perancis, patepung dina 40 méter sahandapeun dasar laut.
  • 1997 – Di Nagara Bagéan Bihar, India, Ranvir Sena nyerang markas Gabungan Partéy CPI(ML) di Lakshmanpur-Bathe, nelasan 63 urang jalma kasta handap.
Remove ads

Nu babar

  • 624Hasan bin Ali, putu Kanjeng Nabi (td. 670)
  • 1521Takeda Shingen, daimyō Jepang (td. 1573)
  • 1761Marie Tussaud, pamahat Perancis, nu ngadegkeun Muséum Patung Lilin Madam Tussauds (td. 1850)
  • 1935Woody Allen, aktor jeung sutradara Amérika
  • 1938Sandy Nelson, musisi Amérika
  • 1949Pablo Escobar, raja obat Kolombia (td. 1993)
  • 1949 – Sebastián Piñera, présidén Chili ka-35
  • 1957Chris Poland, pamaén hitar Amérika
  • 1988Zoë Kravitz, artis, panyanyi jeung modél Amérika
  • 1991Sun Yang, atlét ngojay Cina
Remove ads

Nu pupus

  • 2006 - Edi Sudradjat, Menhankam Kabinét Pangwangunan VI (l. 1938)

Poé peré /poé panginget-nginget

Tumbu luar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads