Pasarikatan Bangsa-Bangsa
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Pasarikatan Bangsa-Bangsa atawa disingget PBB (basa Inggris: United Nations atawa PBB) nyaéta organisasi tingkat internasional anu anggotana ampir sakabéh nagara di sakuliah dunya.[1] Organisasi ieu dijieun pikeun méré fasilitas dina hukum internasional, kaamanan internasional, kamekaran ékonomi, payung sosial, hak asasi jeung katingtriman dunya.[1]
Pasarikatan Bangsa-bangsa diadegkeun di San Fransisco tanggal 24 Oktober 1945 sanggeus Konferénsi Dumbarton Oaks di Washington DC nepi ka Juni 2006 geus 192 disebutkeun resmi asup ka organisasi ieu.[1]
Remove ads
Organ utama PBB
Organ utama PBB nyaéta:
- Sidang Umum,
- Déwan Kaamanan,
- Déwan Ékonomi jeung Sosial,
- Sékrétariat,
- Pengadilan Kaadilan Internasional.[2]
Sékrétaris Jenderal
Pasarikatan Bangsa-bangsa dipupuhuan ku saurang Sékrétaris Jénderal (Sékjén).[1] Sékrétaris Jénderal ayeuna nyaéta António Guterres (Portugal), mimiti ngajabat tanggal 1 Januari 2017 nepi ka ayeuna. Riwayat Sékretaris Jénderal baris ditataan sakumaha di handap ieu:[1]
Remove ads
Déwan Kaamanan
Déwan Kaamanan boga tugas pikeun ngajaga katingtriman sarta kaamanan antar nagara.[1] Déwan Kaamanan boga kakuatan pikeun nyieun kaputusan anu ngabeungkeut yén pamaréntah nagara anggota geus sepakat pikeung ngalaksanakeun, numutkeun katangtuan Piagem Pasa 25.[1] Kaputusan Déwan dipikawanoh ku Résolusi Déwan Kaamanan PBB.[1]
Panglawungan munggaran Déwan Kaamanan PBB nyaéta di Church House, London 17 Januari 1946 jeung mutuskeun yén anggota tetap Déwan Kaamanan nyaéta; Tiongkok, Perancis, Rusia, Inggris jeung Amerika.[1] Ditambah anggota teu tetap ayeuna nyaéta Bosnia jeung Herzegovina, Brasil, Kolombia, Gabon, Jepang, Jerman,India, Lebanon, Nigeria, Portugal, sarta Afrika Selatan.[1] Lima anggota tetap boga hak resolusi substantif tapi teu prosedural anu disebut hak Véto.[1] Lima anggota éta diijinan pikeun boga sanjata nuklir di handap Perjanjian Non-Poliferasi Nuklir.[1] Sedengkeun sapuluh kursi Déwan Kaamanan teu tetap bakal diganti dua taun sakali dipilih ku Majelis Umum sacara régional sarta Présidén Déwan Kaamanan diganti saluyu jeung abjad unggal bulana.[1]
Lembaga PBB
Iwal ti fungsi utama PBB, unggal organ utama PBB boga hak pikeun nyieun lembaga husus di handapeuna. Sababaraha nu kacatet baris ditataan dina tabél ieu di handap:[3]
Remove ads
Rujukan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads