Adam Sandler

From Wikipedia, the free encyclopedia

Adam Sandler
Remove ads

Adam Richard Sandler (leuwih dipikawanoh: Adam Sandler; gumelar di Brooklyn, New York, Amérika Sarikat, 9 September 1966; umur 59 taun) nyaéta saurang aktor, komédian, panulis naskah, produser pilem, sarta musisi asal Amérika Sarikat.[1] Adam ngamimitian karirna dina taun 1989.[1] Sanggeus midang dina pilem Saturday Night Live minangka peran pangrojong, Sandler tuluy ngabéntangan sawatara pilem favorit Hollywood sangkan total panghasilanna nepi kana 2 miliar USD di box office.[2] Peranna dina pilem komédi Going Overboard (1989) ogé dianggap minangka jalan kasuksésanna, tuluy nyusul tawara sajumlahing pilem anu kudu dibéntanganna.[1] Adam suksés deui dina ngabéntangan Billy Madison (1995), tuluy pilem-pilem suksés lianna kayaning, Happy Gilmore (1996), The Wedding Singer (1998), The Waterboy (1998), Anger Management (2003), 50 First Dates (2004), Spanglish (2004) jeung Click (2006).[1] Liwat peranna minangka Michael Newman dina pilem Click (2006), Adam asup nominasi pikeun pameran komédi panghadéna Oscar.[1] Sedengkeun liwat Punch-Drunk Love (2003), Adam suksés ngaraih Golden Globe Awards pikeun kategori Best Aktor Comedy.[1]

Fakta Singget Gumelar, Alma mater ...
Remove ads

Filmografi

Remove ads

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads