Aki
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Aki nyaéta sesebutan ka ramana bapa atawa indung urang; éyang pameget.[1][2] Ogé sesebutan ka pala putra ti rakana indung-bapa urang, sok disebut ogé kakang.[3]Aki dipaké ogé nyebut ka dulur atawa sadérék ti aki urang, sesebutan aki nunjul ogé ka batur atawa deungeun anu umurna geus kolot pisan.[2] Dina basa Batawi mah aki disebut engkong.[4]

Disababaraha daérah sesebutan pikeun aki téh henteu sarua, saperti: Opa (Indonésia Wétan),Ayahnek (Minangkabau), Datuk (Melayu), Mbah / Éyang (Jawa), Opung (Batak), Pekak (Bali), Papuq (Lombok), Bue (Dayak Ngaju), Aki / atok / tok (Kepulauan Riau), busyik (Acéh).[5][2]Dina hubungan duduluran, aya anu saluhureun ti urang aya ogé anu sahandapeun ti urang, cindekna ayana sesebutan dina nyebutkeun diri urang jeung batur atawa aya hiji sistim sesebutan dina kahirupan sapopoé pikeun ngécéskeun tempatna séwang-séwangan.[6] Élmu pangaweruh anu nalungtik ngeunaan sékésélér kulawarga atawa pancakaki ieu disebutna genealogy .[7]
Remove ads
Baca ogé
- Drs. Nana, Supriatna, M.Ed (01 Januari 2004). "Kenali Lingkungan Sosialmu". PT Grafindo Media Pratama. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link)
- Darisman, SPD, Muh (01 Januari 2004). "Ayo Belajar Berbahasa Indonesia". Yudhistira Ghalia Indonesia. ISBN 9789796766383.
- Suganda, Dadang (01 Januari 2011). Politik jati diri urang Sunda dalam memperkuat pembangunan karakter bangsa. Kerjasama Pusat Kajian Lintas Budaya, Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran dengan Kementerian Kebudayaan dan Pariwisata. ISBN 9786028795326.
Remove ads
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
