Aksara Pallawa
aksara Brahmi From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Pallawa (Vatteluttu, vaṭṭeḻuttu) atawa "tulisan nyambung" nyaéta salah sahiji sistim panulisan abugida nu dipaké keur nulis sababaraha basa Dravida di India Kidul jeung Sri Lanka. Baretona ogé mangrupa sistim panulisan kuna nu dipaké keur nulis basa Tamil sanggeus abad kadua CE ngaganti aksara Tamil-Brahmi kuna dina sistim panulisan brahmi. Wangun panulisan nyambung ieu dipaké ogé di Kerala keur nulis dina basa Tamil kawas dina proto-Malayalam jeung Malayalam.
- Pikeun kagunaan lian, tempo aksara Tamil.
Rekaman Inskripsional dina basa Tamil aya dina wanci ti 300 SM tepi ka 1800 M sarta geus robah miturut sajarah.[1] Tamil Grantha mangrupa salah sahiji alpabet nu hurup tambahannana dijieun sacara husus keur kecap-kecap dina basa Sangsakerta. Oge, mangrupa wangun modipikasi tina aksara Tamil keur nulis grantha Sanskrit, atawa buku. Dina basa Tamil loba alpabet atawa hurup nu kapanggih dina basa Sangsakerta geus leungit.
Pallawa ogé ilahar katelah aksara Vatteluttu. Istilah Pallawa dipaké ku sarjana basa dina studi Asia Tenggara saperti George Coedes jeung D.G.E. Hall. Pangaruh linguistik jeung budaya India Dravida di Asia Tenggara mangrupa bukti sumebarna panulisan jeung literasi ti Asia Kidul: Pallawa, hiji dinasti Tamil abad awal Common Era (c. 275 tepi ka 500 CE), nu mawa sistim panulisannana dina palayaran ka wetan. Sistim panulisan Pallawa ngawangun dasar keur sababaraha sistim panulisan di Asia Tenggara sarta saluareunnana: Myanmar, Thailand, Laos, Kamboja, Malaysia, Indonesia, Sulawesi (Selebes) jeung Pilipina.[2]
Remove ads
Tempo ogé
- Inskripsi basa Tamil dina lempengan tambaga
- Inskripsi basa India dina lempengan tambaga
- Inskripsi Laguna dina lempengan tambaga
Rujukan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads