Surah Al-Hasyr
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Surat Al Hasyr (Arab: الحشر,"Pangusiran") nyaéta surat ka-59 dina Al-Qur'an. Surat ieu kaasup surat Madaniyah tur kawengku 24 ayat. Dingaranan Al Hasyr saluyu nu kaunggel dina ayat ka-2.
Remove ads
Poko-poko eusina
- Tasbéh Sing sarwa nu aya di langit jeung bumi.
- Warta nu patali jeung Yahudi Bani Nadhir nu écés.
- Harta rampasan perang.
- Misahkeun antara Muhajirin jeung Anshor.
- Nu patali jeung munafék ti Bani Quraizhoh.
- Patali jeung Barshisho.
- Nyawang ka tingkah laku katukang pikahareupeunn.
- Kautamaan Al-Qur'an
- Asmaul Husna.
Ayat jeung Terjemah
سَبَّحَ لِلَّهِ مَا فِي ٱلسَّمَٰوَٰتِ وَمَا فِي ٱلأَرْضِ وَهُوَ ٱلْعَزِيزُ ٱلْحَكِيمُ
(1) Tasbéh ka Alloh nu aya di langit jeung di bumi, Anjeuna nu Maha Gagah Maha Wijaksana.
هُوَ ٱلَّذِيۤ أَخْرَجَ ٱلَّذِينَ كَفَرُواْ مِنْ أَهْلِ ٱلْكِتَابِ مِن دِيَارِهِمْ لأَوَّلِ ٱلْحَشْرِ مَا ظَنَنتُمْ أَن يَخْرُجُواْ وَظَنُّوۤاْ أَنَّهُمْ مَّانِعَتُهُمْ حُصُونُهُم مِّنَ ٱللَّهِ فَأَتَاهُمُ ٱللَّهُ مِنْ حَيْثُ لَمْ يَحْتَسِبُواْ وَقَذَفَ فِي قُلُوبِهِمُ ٱلرُّعْبَ يُخْرِبُونَ بُيُوتَهُمْ بِأَيْدِيهِمْ وَأَيْدِي ٱلْمُؤْمِنِينَ فَٱعْتَبِرُواْ يٰأُوْلِي ٱلأَبْصَارِ
(2) Anjeuna nu ngaluarkeun urang kafir ti golongan ahli kitab ti imah-imah maranéhna dina kajadian pangusiran nu mimiti. Aranjeun teu nyangka maranéhna moal kaluar, bari maranéhna yakin yén bénténg-bénténgna bakal bisa nahan datangna (siksa) Alloh, ku kituna Alloh nibankeun (siksa) ka maranéhna ti madhab nu teu disangka-sangka jeung dicecebkeun kana haténa rasa sieun nepi ka rujad baruntakan ku polah leungeun maranéhna sorangan jeung jalma nu ariman. Yeuh, ieuh téh kudu jadi totonden pikeun jalma-jalma nu waspaos paninggalina..
وَلَوْلاَ أَن كَتَبَ ٱللَّهُ عَلَيْهِمُ ٱلْجَلاَءَ لَعَذَّبَهُمْ فِي ٱلدُّنْيَا وَلَهُمْ فِي ٱلآخِرَةِ عَذَابُ ٱلنَّارِ
(3) Lamun seug Alloh teu netepkeun ngusir maranéhna tinangtu, maranéhna éstu disiksa di dunya jeung di ahérat dicawiskeun siksa naraka. .
ذَلِكَ بِأَنَّهُمْ شَآقُّواْ ٱللَّهَ وَرَسُولَهُ وَمَن يُشَآقِّ ٱللَّهَ فَإِنَّ ٱللَّهَ شَدِيدُ ٱلْعِقَابِ
(4) Kitu téh lantaran maranéhna ngalawan ka Alloh jeung rasul-Na, sing saha nu ngalawan ka Alloh, éstuning siksa Alloh kacida beuratna ....
Remove ads
Tadabbur jeung Tadzakkur
Rujukan
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads