Albumin
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Albumin mangrupa protéin getih nu diproduksi ku ati anu boga fungsi dina miara volume getih normal.[1] Albumin mangrupa larutan, protéin monomer nu diwangun ku sabudeureun hiji-satengah tina protéin sérum getih.[2] Albumin mangrupa protéin sérum globular nu boga beurat molékul 65.000.[2]

Produksi ALbumin
Albumin diproduksi dina ati kalawan laju 9-12 gram/poé (130–200 mg/kg/poé).[3] Kaayaan katabolik bakal naékeun pangleburan albumin nyababkeun hipoalbuminemia nu dipacu ku stress.[3] Stress jeung karusakan akibat trauma akut nurunkeun sintesa albumin sakaligus macu diproduksina protéin réaktan fase akut (globulin, fibrinogén jeung haptoglobulin).[3]
Refensi
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
