Alex Ferguson

From Wikipedia, the free encyclopedia

Alex Ferguson
Remove ads

Sir Alex Ferguson atawa leuwih dipikawanoh Alex Ferguson CBE dibabarkeun 31 Desember 1941 di Govan,tempat nyieun kapal Glasgow[1]. Alexander Chapman Ferguson nyaéta mantan pamaén bal warga Skotlandia. Sabada jadi pamaén, manéhna ngalatih klub Stirling Timur, St Mirren, Aberdeen[1]. Ti mimiti 6 November 1986 nepi ka ayeuna Sir Alex ngagantikeun Ron Atkinson minangka pelatih[1]. Manéhna jadi manajer leuwih ti 1000 pertandingan Manchaster United[1]. Sir Alex Ferguson dianggap minangka salah sahiji manajer anu panghadéna sadunya[1]. Rekor Sir Alex malah mah teu kaganti ku pelatih nu séjénna dina sajarah maén bal di Inggris[1].Karakterna minangka pekerja keras méré pangaruh anu gedé pisan dina préstasina minangka pelatih, manajer, arsitek jeung tokoh anu mawa parobahan gedé di Manchaster United[1].

Thumb
Alex Ferguson
Fakta Singget Informasi pribados, Nami lengkep ...

Nalika Bulan November 1986 Fergie nampik tawaran anu alus ti Barcelona, Arsenal, Rangers jeung Tottenham pikeun dijadikeun manajer di klub-klub raksasa nu disebutkeun saméméhna[1]. Manéhna justru milih Manchester United,ninggalkeun kasuksésanana di Skotlandia[1]. Ferguson ngawangun deui Manchaster United anu masih kénéh aya dina mangsa-mangsa anu sulit anu patalina jeung ngarékrut pamaén-pamaén ngora[1].Manéhna nekenkeun pisan kana kadisiplinan ka para apamaén MU, manéhna ogé ngaposisikeun dirina minangka méntor, motivator jeung nu ngawangun méntal para pamaén MU[1].Fergie ogé ngaleungitkeun budaya mabok di Old Traford ku cara ngaluarkeun pamaén-pamaén anu geus jadi idola di MU[1]. Di Manchester United, Sir Alex jadi pelatih anu pangsuksésna dina sajarah maén bal di Inggris, ku cara mingpin tim anu bisa meunangkeun 11 gelar juara liga[1]. taun 1999, manéhna jadi pelatih munggaran anu bisa mawa tim inggris meunangkeun treble ti Liga Utama, Piala FA jeung Liga Champions UEFA[1].Ogé jadi hiji-hijina pelatih anu meunangkeun Piala FA 5 kali, Fergie ogé jadi hiji-hijina pelatih anu bisa meunangkeun gelar Liga Inggris 3 kali (1998-1999, 1999-2000 jeung 2000-2001)[1]. Taun 2008, manéhna gabung jeung Brian Clough (Nottingham Forest), Bob Paisley (Liverpool) minangka pelatih Britania anu pernah meunangkeun kejuaraan Eropa leuwih ti sakali[1]. Dua puluh lima taun babarengan jeung Manchester United, manajer The Red Devils, Sir Alex Ferguson geus jadi jalma anu teu bisa digantikeun ku sasaha.Sababaraha kali manéhna ngabatalkeun rencana péngsiunna[2].Nepi ka ayeuna, Sir Alex masih aya di bench United[2]. Can aya kaputusan iraha Sir Alex péngsiun ti Manchester United, malah manéhna sorangan teu nyahoeun iraha rék péngsiun[2]. CEO Manchester United, David Gill nyebutkeun yén MU pasti hésé néangan pelatih anu sarupa jiga Fergie[2].Ku ayana Fergie, Mu bisa meunangkeun gelar anu aya di dunya pikeun MU[2]. Dina asuhan Fergie ogé, MU disulap jadi hiji kleub gedé anu teu ngan saukur dipikawanoh di Inggris tapi nepi ka sakuliah dunya[2].

Remove ads

Rekor Kesuksesan[1]

Remove ads

Referensi

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads