Aluvial
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Aluvial nyaéta jenis taneuh anu namper diwangun tina leutak jeung keusik lembut hasil tina érosi taneuh.[1][2][3] Daérah anu namper téh ayana dina walungan, situ dataran handap, jeung cekungan anu ngabalukarkeun taneuh bisa namper.[1][2][3][4] Taneuh aluvial miboga mangpaat dina widang tatanén salah sahijina ngagampangkeun prosés irigasi dina lahan tatanén[3][5] Ieu taneuh kabentuk lantaran aya bahan-bahan anu namper saperti aluvial jeung koluvial anu asalna tina rupa-rupa asal.[1][3] Taneuh aluvial kaasup kana taneuh ngora ayana endapan lemes dina walungan.[3][5] Taneuh aluvial bisa diamngpaatkeun jadi lahan tatanén lantaran unsur hara anu rélatif loba.[3][6] Conto tatanén anu bisa diusahakeun dina taneuh aluvial di antarana jagong, gandum, tiwu, kapas, béas, sayuran jeung tomat.[7]

Conto taneuh aluvial di Indonésia nyaéta sapanjang aliran walungan Bengawan Solo, walungan Opak, jeung walungan Glagah.[3][5] Taneuh aluvial umumna kawangun di daérah walunga gedé, salah sahiji conto lainna nyaéta taneun aluvial anu aya di walungan Nakdong, Korea Selatan.[3][5]
Remove ads
Karakteristik Taneuh Aluvial
Karakteristik taneuh aluvial bisa dibédakeun jadi dua nyaéta karakteristik fisik jeung karakteristik kimia.[7] Anu jadi karakteristik fisikna di antarana:
- Taneuh aluvial miboga struktur taneuh anu pepel jeung liat atawa liat keusikan kalawan kandungan keusik kurang ti 50 %.[6]
- Rupa-rupa morfologi saluyu jeung déposit sarta aktivitas éksogén di sabudeureunana.[7]
- Tékstur taneuhna béda-béda boh sacara vertikal atawa horizontal.[7]
- Warnana kulawu kalawan variasi lapisan organik.[7]
- Aya di lamping sisi walungan atawa sisi walungan.[7]
- Taneuhna miboga pori-pori lantaran téksturna liat.[7]
- Porositas jeung téksturna alus keur tatanén.[7]
Karakteristik kimia tanah alluvial nyaéta:
1. proposi nitrogen biasana saeutik.[7]
2. proporsi, potasium fospat jeung basa anu cukup.[7]
3. proporsi beusi oksida jeung kapur loba variasina.[7]
Remove ads
Mangpaat Taneuh Aluvial
Aya sababaraha mangpaat taneuh aluvial, utamana pikeun widang tatanén di antarana:
Referensi
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
