Ancak

From Wikipedia, the free encyclopedia

Ancak
Remove ads

Ancak; Ficus rumphii Bl. katelah ogé waringin jawa nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina genus Ficus kulawargana Ara, Moraceae.[1] Ngaran Ficus rumphii dicokot tina ngaran saurang ahli botani asal Jerman, tayalian Georg Eberhard Rumphius.[2]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Ngaran binomial ...
Remove ads

Ciri mandiri

Ficus rumphii téh jangkungna bisa ngahontal 20 méter, ieu tutuwuhan bisa kapanggih hirup salaku epifit mun kaparengan sikina murag dina sela-sela dahan tangka séjén.[3] Kaina mibanda kelir bodas semu kulawu. Daunna buleud endog kalawan méncos ka tung-tungnakeun kelirna semu beureum nalika masih kénéh ngora saterusna robah jadi héjo kolot mangsa geus ngolotan. Tulang daun katempo écés. Kawas spésiés Ficus anu séjéna, geutahna tangkal acak mibanda kelir bodas. Kembangna diserbuki ku nyiruan. Ficus rumphii kagolongkeun tutuwuhan anu mibanda dua tempat hartina anu hirup dina hiji tempat mubanda kembang lalaki wungkul anu hirup di tempat séjén mibanda kembang awéwé wungkul. Kembangna anu di serbuki ku nyiruan, éngkena baris jadi buah. Buah Ficus rumphii kelirna hideung, wujusna buleud, loba mibanda siki tur rasana amis. Ieu buah dipikaresep ku manuk jeung lalay anu sakalian ogé ngabantu dina prakna penyerbukan.

Remove ads

Kagunaan

Tangkal ieu sok dimangpaatkeun pikeun pangiuhan, anu remen katempo ogé ieu tangkal dimangpaatkeun salaku Bonsai.[4]

Sebaran

Ieu tangkal loba kapanggih hirup di India, Cina kidul, Indochina, jeung Malaysia. di Myanmar, ieu tangkal sok disebut nyaung-phyu, di China disebutna Xin ye rong. Di Indonésia, ieu tangkal disebut Ancak (Bl), Waringin Jawa (Jw). Dina basa Inggris ieu tangkal ngarana Rumphf's Fig. Ieu tangkal dok kapanggih hirup di sisi susukan, sela-sela batu jeung dahan tatangkalan. [5]


Dicutat tina

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads