Anjing

From Wikipedia, the free encyclopedia

Anjing
Remove ads

Anjing (Canis lupus familiaris) nyaéta subspésiés doméstikasi ajag/srigala hawuk (grey wolf), mamalia ti kulawarga Canidae ordo Carnivora.[1] Istilah ieu nujul boh ka nu liar atawa nu diingu sarta kadang dipaké pikeun anjing liar ti subspésiés atawa spésiés séjén. Anjing doméstik dalit jeung manusa, boh keur diala gawéna atawa pikeun kalangenan, jeung—pikeun sababaraha masarakat—pikeun didahar.[1] Di sakuliah jagat, kira-kira aya 400 juta anjing[2].

Fakta Singget Anjing doméstik Temporal range: Pléistosin Ahir – Kiwari, Status konservasi ...

Kiwari, anjing geus mekar jadi ratusan turunan. Jangkungna (diukur nepi ka tonggong) aya nu ukur sababaraha inci (anjing Chihuahua), tapi aya ogé anu nepi ka sababaraha kaki (Irish Wolfhound); kelirna aya nu bodas, aya ogé nu hideung lestreng; sedengkeun buluna ti nu pondok pisan nepi ka sababaraha sénti, ti nu lempeng nepi ka nu galing[3].

Remove ads

Taksonomi

Anjing mimitina diasupkeun kana Canis familiaris jeung "Canis familiarus domesticus" ku Linnaeus taun 1758[4]. Taun 1993, anjing diklasifikasi ulang jadi subspésiés srigala hawuk, Canis lupus, ku Smithsonian Institution jeung American Society of Mammalogists.

Asal-usul

Dumasar kana bukti DNA, karuhun anjing misah ti srigala lianna kira 100.000 taun ka tukang[5][6], sarta mimiti diingu tina srigala hawuk kira 15.000 taun ka tukang[7]. Ku kituna, anjing téh jadi spésiés munggaran anu didoméstikasi ku manusa.

Bukti nu aya nunjukkeun yén anjing téh munggaran didoméstikasi di Asia Wétan, sigana di Cina [8], sedengkeun nu aya di Amérika Kalér mah istuning bawaan ti Asia[8].

Nuturkeun ngumbarana manusa ka sakuliah dunya, anjing lahir jadi rupa-rupa. Révolusi tatanén jeung masarakatna lajeng ngadorong tumuwuhna populasi anjing sarta lahirna kabutuh kana anjing anu boga kabisa husus. Kaayaan ieu ngadorong ayana kawin seléktif ngarah ngahasilkeun anjing anu boga kabisa.

Katurunan jeung sajarah doméstikasi

 Artikel utama: Origin of the domestic dog.
Thumb
Ieu mozaik kuna, kawasna Romawi, nempokeun hiji anjing gedé make panyangcang diba beuheung keur moro jeung hiji singa.
Remove ads

Rujukan

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads