Aseupan

Pakakas dapur anu wangunna kerucut dijieun tina anyaman awi, sarta digunakeun pikeun nyeupan sangu atawa kadaharan séjénna From Wikipedia, the free encyclopedia

Aseupan
Remove ads

Aseupan nyaéta parabot dapur nu dijieun tina anyaman awi tur wangunna nyueung atawa nyungcung.[1] Lamun ditangkubkeun pikeun ngasakan seupan-seupanan. Aseupan wangunna saperti seuseukeut patlot[2].[3][4]

Thumb
Aseupan

Aseupan atawa kukusan nyaéta wadah paranti nyeupan sangu atawa kadaharan séjén [5]. Kawas sééng aseupan mangrupa parabot masak anu penting nyaéta pikeun nyangu[5]. Ku sabab kitu ampir di sakabéh dapur urang Sunda aya aseupan[2]. Biwir aseupan aya nu diwengku aya ogé nu henteu[6]. Lian ti pikeun nyeupan sangu, aseupan ogé sok dipaké pikeun nyeupan rupa-rupa kadaharan séjénna[6]. Aseupan téh sapasang jeung sééng anapon conto kadaharan anu wangunna sarua jeung aseupan nyaéta sangu tumpeng[6].

Remove ads

Referensi

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads