Astinapura

From Wikipedia, the free encyclopedia

Astinapura
Remove ads

Astinapura atawa Hastinapura (Sansekerta: हस्तिनापुर ) nyaéta hiji dayeuh sarta Nagar Panchayat di distrik Meerut, Uttar Pradesh, nagara bagian India. Hastinapura asalna ti kecap Hasti (gajah) + Pura (dayeuh). Réa kajadian dina carita Mahabarata anu lumangsung di Hastinapura. Dina mangsa kiwari, dayeuh ieu disebut Hastinapur, hiji dayeuh leutik anu perenahna di Uttar Pradesh, jauhna 120 km ti Delhi. Di ieu dayeuh aya obyék wisata anu metot perhatian saperti Kuil Jain jeung Taman Nasional Hastinapur.

Thumb
Perenahna Hastinapura di wilayah jurisdiksi India
Remove ads

Hastinapura dina Mahabarata

Dayeuh Hastinapura nyaéta puseur pamaréntahan karajaan para Kurawa (turunan Kuru atawa dinasti Kuru) anu ogé mecenghul dina carita perang Mahabarata.

Para Raja Hastinapura

Para Raja Hastinapura mangrupa turunan Raja Barata sarta Raja Kuru, mangka disebut ogé Wangsa Kurawa (Kuruwangsa). Dina kitab Mahabarata, carita Para Raja Hastinapura dimimitian ku carita Prabu Santanu.

Ringkesan caritana saperti kieu:

Prabu Santanu mibanda dua pamajikan, nyaéta Déwi Gangga jeung Satyawati. Tina hasil dua perkawinan ieu, anjeunna mibanda tilu anak lalaki, nyaéta: Bisma, Citrāngada, jeung Wicitrawirya. Bisma lahir ti Déwi Gangga sedengkeun Citrāngada sarta Wicitrawirya lahir ti Déwi Satyawati.

Bisma sumpah moal rék kawin, sedengkeun Citrāngada gugur dina umur ngora alatan tarung jeung saurang Raja Gandarwa anu mibanda ngaran sarua. Samentara éta Wicitrawirya didahupkeun jeung dua puteri ti Karajaan Kasi, nyaéta Ambika jeung Ambalika. Tapi Wicitrawirya maot tanpa méré turunan. sangkan tahta karajaan bisa diwariskeun, dua randa Wicitrawirya dibikeun ka Resi Abiyasa anu masih mibanda hubungan duduluran jeung kulawarga karajaan.

Resi Abiyasa ngalakonan upaca (ritual) pikeun meunangkeun anak. Sawatara waktu sanggeus ngalakonan ritual kasebut, dua randa Wicitrawirya ngandung. Satuluyna Ambika ngalahirkeun Dréstarata anu lolong. Sedengkeun Ambalika ngalahirkeun Pandu anu beungeutna sepa. Dewi Satyawati ménta supayah Ambalika jeung eesi Abiyasa ngalakonan deui upacara. Ngan Ambalika henteu sadia pikeun ngalakonanana sarta ménta saurang ladén anu ngaranna Sudri ngagantikeun manéhanana. Satuluyna tina beuteung Sudri lahir Widura.


Para Raja Hastinapura dina Mahabharata
NgaranKaterangan
Santanuputera Pratipa
Chitrāngadaputera cikal Santanu, wafat di umur ngora dina peperangan
Wicitrawiryaputera bungsu Santanu, wafat di umur ngora tanpa turunan
Panduputera Alm. Wicitrawirya kalawan Ambalika (sanggeus ngalakonan upacara putrotpadana)
Dretarastraputera Alm. Wicitrawirya kalawan Ambika (sanggeus ngalakonan upacara putrotpadana)
Yudistiraputera cikal Pandu kalawan Kunti
Parikesitputera Abimanyu (putera Arjuna, adi ti Yudistira) kalawan Uttara
Janamejayaputera Parikesit
Remove ads

Hastinapura mangsa kiwari

Di mangsa kiwari, Hastinapura mangrupa dayeuh leutik di wewengkon Doab di Uttar Pradesh, sarta disebut Hatsinapur, 37 km ti Meerut 120 km ti Delhi. Ieu dayeuh boga populasi kira 20.000 jiwa. Lalampahan ka ditu bisa ditempuh maké beus ti Meerut anu siap samanéhna ti pukul 7 isuk-isuk nepi ka pukul 9 peuting. Jalanna alus sarta bérésih jeung tetempoan héjo sarta amparan pasawahan di kénca-katuhuna. Di ditu aya obyék wisata anu metot perhatian kawas Kuil Jain jeung Taman Nasional Hastinapur.

Remove ads

Tempo ogé

  • Indraprahasha
Informasi leuwih jero Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa, Dinasti Kuru ...
Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads