Parikesit

From Wikipedia, the free encyclopedia

Parikesit
Remove ads

Parikesit nyaéta salah sahiji tokoh wayang dina wiracarita Mahabarata[1][2]. Parikesit nyaéta putra tunggal Abimanyu anu gugur di Baratayuda[1][2]. Abimanyu lahir di poé pamungkas Baratayuda, Indungna nyaéta Déwi Utari[1]. Parikesit jadi raja Astina ngagantikeun Yudistira anu moksa jeung dulur-dulurna[1]. Parikesit boga lima istri nyaéta Déwi Puyangan, Déwi Gentang, Déwi Satapi, Déwi Impun, jeung Déwi Dangan[1].

Thumb
Parikesit dina wanda Wayang Kulit

Numutkeun pawayangan, sabada Baratayuda, Aswatama, putra Dorna anu salamet asup ka kémah Pandawa terus maténi sababaraha jalma di antarana Dréstajuména, Srikandi, jeung Pancawala[1][2]. Tapi nalika Aswatama rék maéhan Parikesit, sacara teu kahaja panah pasopati anu disimpen ku Arjuna di handapeun ranjang parikesit langsung niir beuheung Aswatama, sabab Parikesit najongan éta panah. Aswatama paéh harita kénéh[1][2].

Nalika Parikesit jadi raja, Karajaan Astina pernah diserang dua kali. Serangan pertama datang ti karajaan Sindukalangan anu dipingpin ku Jayawikata, anak Jayadrata[1]. Serangan kadua datang ti Karajaan Gilingwesi anu diluluguan ku Prabu Watuaji[1]. Prabu Baladéwa anu geus jadi patapa ngilu perang ngabantuan Parikesit[1]. Dina pawayangan Prikesit paéh lantaran dipacok ku oray. Terus manéhna nyieun munara anu jangkung sangakan oray teu bisa naék, tapi takdir mah teu bisa disingkahan, Parikesit dihakan ku Naga Tatsaka anu robah wujud jadi hileud anu kaluar ti bungbuahan anu rék didahar ku Parikesit[2].

Remove ads

Référénsi

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads