Astronom

From Wikipedia, the free encyclopedia

Astronom
Remove ads

Astronom téh élmuwan anu nalungtik élmu astronomi sarta museurkeun panalungtikanana kana rupa-rupa patalékan atawa kajadian anu aya di luar Bumi. Maranéhna ngawasaan jeung nalungtik obyék-obyék langit, saperti béntang, planét, bulan, komét, jeung galaksi, boh ngaliwatan astronomi observasional (ku nganalisis data), atawa astronomi téoretis.[1] Widang panalungtikan astronom bisa ngawengku élmu keplanetan, astronomi panonpoé, asal-usul jeung évolusi béntang, nepi ka prosés kabentukna galaksi. Aya ogé widang anu patali tapi béda, nya éta kosmologi fisika, anu nalungtik jagad raya sacara gembleng.

Thumb
Galileo Galilei, astronom modérn
Remove ads

Sajarah

Sacara sajarah, astronomi ti heula leuwih museur kana ngagolongkeun jeung ngajelaskeun rupa-rupa kajadian di langit, sedengkeun astrofisika usaha ngajentrekeun béda jeung gejala éta ku ngagunakeun hukum-hukum fisika. Ayeuna mah bédana geus ampir teu karasa deui, nepi ka istilah “astronom” jeung “astrofisikawan” biasana bisa dipaké silihgantina.

Astronom profésional biasana jalma anu lulusan luhur, umumna boga gelar doktor dina widang fisika atawa astronomi, sarta digawé di lembaga panalungtikan atawa paguron luhur. lolobana waktu maranéhna dipaké pikeun nalungtik, sanajan kadang-kadang maranéhna ogé boga pancén séjén kayaning ngajar, nyieun alat panalungtikan, atawa mantuan ngajalankeun observatorium.

American Astronomical Society, organisasi utama astronom profésional di Amérika Kalér, miboga kira-kira 8.200 anggota dina taun 2024. Jumlah éta ngawengku para élmuwan ti widang séjén, saperti fisika, géologi, jeung tèknik, anu panalungtikanana raket patalina jeung astronomi.[2] Sedengkeun International Astronomical Union boga kurang leuwih 12.700 anggota ti 92 nagara anu aktip nalungtik astronomi dina tingkat PhD atawa leuwih luhur dina taun 2024.[3]

Thumb
Buku astronomi jaman baheula

Potrét astronom asal Flanders, Ferdinand Verbiest, nuduhkeun yén manéhna kungsi mingpin Déwan Matematika jeung jadi diréktur Observatorium kaisar Cina dina taun 1669. Beda jeung gambaran klasik ngeunaan astronom sepuh anu ningali ngaliwatan téléskop peuting-peuting, astronom jaman kiwari leuwih loba ngagunakeun kaméra CCD pikeun ngarékam éksposur panjang anu ngahasilkeun gambar leuwih sénsitip sabab cahaya ngumpul beuki lila. Saméméh kaméra CCD, piring fotografis téh jadi cara umum pikeun observasi. Dina prakna, astronom modéren ngan saeutik waé nyéépkeun waktu di hareupeun téléskop biasana ngan sababaraha minggu sataun, sedengkeun lolobana waktu dipaké pikeun nganalisis data pangamatan jeung nyieun prédiksi ngeunaan nyababkeun gejala anu katingali.

Remove ads

Pangatikan

Para astronom nu gawé jadi dosén di paguron luhur téh lolobana mah nyéépkeun waktuna keur ngajar mahasiswa, boh nu tingkat sarjana boh nu pascasarjana. Salian ti éta, salaku layanan ka masarakat, ampir sakabéh universitas ogé ngayakeun program kagiatan luar, contona waé ku ngajak datang ka téléskop publik atawa sakapeung mah ka planétarium. Tujuanana mah sangkan masarakat leuwih resep ka élmu astronomi.[4]

Jalma nu rék jadi astronom kudu boga dasar nu kuat dina palajaran kawas fisika, matematika, sains, jeung komputasi ti mimiti SMA kénéh. Dina kuliah, maranéhna dilatih cara ngariksik (nalungtik/panalungtikan), nulis, jeung méré presentasi. Lolobana astronom bakal neruskeun sakola nepi ka meunang gelar Magister, tuluy ahirna Doktor (PhD) di jurusan astronomi, fisika, atawa astrofisika.[5]

Latihan (pelatihan) PhD biasana butuh waktu 5-6 taun. Prosésna ngawengku nyokot mata kuliah nu leuwih luhur dina élmu-élmu inti, lulus ujian kompeténsi, boga pangalaman ngajar mahasiswa sarjana jeung miluan program kagiatan luar, ngagawéan proyék panalungtikan dibimbing ku dosén, ngaréngsékeun tésis PhD, jeung lulus ujian lisan panungtung. Salila éta, mahasiswa PhD nu suksés bakal dibéré tunjangan duit (finansial) keur ngabantu kabutuhan hirupna.[5]

Remove ads

Astronom amatir

Sanajan jumlah astronom profésional saeutik pisan, tapi widang astronomi mah geuning loba nu mikaresep, utamana ti golongan amatir. Ampir di unggal kota aya klub astronomi amatir anu sok rutin ngayakeun kumpul-kumpul, kaasup acara pesta béntang (ngarérét béntang babarengan). Salah sahiji organisasi astronomi panggedéna sadunya nyaéta The Astronomical Society of the Pacific (ASP), nu ngahijikeun profésional, amatir, jeung pangajar ti 70 nagara.[6]

Sarua jeung hobi séjénna, lolobana amatir astronomi mah ukur nyadiakeun waktu sakeudeung, meureun sababaraha jam sabulan, pikeun ngilikan langit jeung maca-maca beja panalungtikan nu anyar. Tapi, jenis amatir téh loba pisan rupa-rupana: ti mimiti nu ngan saukur réréétan béntang biasa nepi ka jalma-jalma anu geus boga téléskop jeung parabot canggih pisan. Amatir nu geus ahli pisan mah bisa manggihan sorangan, nyieun astrofotografi anu alus, sarta milu mantuan panalungtikan para astronom profésional.[7][8]

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads