Azawad

From Wikipedia, the free encyclopedia

Azawad
Remove ads

Azawad, kawanoh ogé salaku Nagara Merdika Azawad[1] (Tuareg: ⴰⵣⴰⵓⴷ, Azawd; Basa Arab: دولة أزواد المستقلة[2], Dawlat Azawād al-Mustaqillah; Basa Prancis: État indépendant de l’Azawad[1]), nyaéta hiji wewengkon di Mali beulah kalér sarta ogé urut nagara nu teu diakuan, proklamasi kamerdikaan Azawad sacara sapihak dinyatakeun ku Gerakan Nasional Pangbébasan Azawad (MNLA) dina 2012 sanggeus hiji Pamberontakan Tuareg nyandak Tentara Mali kaluar ti wewengkon ieu. Azawad, sakumaha diklaim ku MNLA, ngawengku région Timbuktu, Kidal, Gao, jeung sabagian ti Région Mopti,[3] mibanda kira-kira 60 persén ti total wewengkon Mali. Azawad wawatesan jeung Burkina Faso di kidul, Mauritania di kulon jeung kalér-kulon, Aljazair di kalér jeung kalér-wétan, sarta Niger di wétan jeung tenggara, sareng Mali di kidul-kulon. Gao nyaéta kota panggedéna jeung ibu kota saheulaan,[4] samentara Timbuktu mangrupa kota nu pangedéna kadua, sarta diniatkeun pikeun jadi ibu kota permanén.

Fakta Singget
Thumb
Peta Azawad, sakumaha diklaim ku MNLA: wewengkon kalawan mayoritas Tuareg ditandaan ku titik kulawu kolot, di kulon utamina dieusian ku Moor, di kidul ku masarakat Sub-Sahara.

Citakan:Contains Tifinagh text

Remove ads

Tingali ogé

Portal Portal Portal Portal
Ikon portal Portal Afrika

Rujukan

Pustaka

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads