BSNP
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Wancahan tina Badan Standar Nasional Pendidikan nyaéta badan mandiri jeung indepénden anu tugasna ngamekarkeun,mantau, ngawaskeun, jeung meunteun dilaksanakeunana Standar Nasional Pendidikan.[1] BSNP kalungguhanana di wilayah Nagara Républik Indonésia, tanggungjawabna ka menteri, dina ngajalankeun tugas jeung fungsina, BSNP mandiri jeung profésional.[1] Kaanggotaan BSNP jumlahna gasal, paling saeutik 11 (sabelas) urang jeung saloba-lobana 15 (lima belas) urang.[1] Anggota BSNP téh para ahli dina widang psikométri, évaluasi pendidikan, kurikulum, jeung manajemén pendidikan anu mibanda wawasan, pangalaman, jeung komitmen pikeun ngaronjatkeun kualitas atikan.[1] Kaanggotaan BSNP lumangsung salila opat taun, diangkat jeung dieureunkeun ku Menteri Pendidikan Nasional.[1] BSNP dipupuhuan ku saurang pupuhu jeung saurang sekretaris anu dipilih ku jeung tina anggota dumasar pangloba-lobana sora.[1] Tugas BSNP mantuan menteri dina mekarkeun, mantau, jeung ngadalian Standar Nasional Pendidikan. Standar anu dimekarkeun ku BSNP dipaké éféktif jeung ngabeungkeut sakabéh satuan pendidikan sacara nasional sanggeus ditetepkeun ku Peraturan Menteri.[1]
Remove ads
Wewenang BSNP
Anggota BSNP periode 2009-2013
BSNP périodeu 2009-2013 diangkat dumasar Keputusan Menteri Pendidikan Nasional Nomor 067/P/2009. [2]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Remove ads
Rujukan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads