Babakan

From Wikipedia, the free encyclopedia

Babakan
Remove ads

Babakan nyaéta hiji tempat anyar anu tadina leuweung atawa reuma nu ngahaja dibukbak pikeun pitanieun.[1][2][3]

Thumb
Babakan Imah-imah di suku gunung

Baheula mangsa arék ngabukbak leuweung pihumaeun méméh prak sok dibabak-babak heula, taya lian dicirian maké patok.[2] Gawé usum ayeuna sabau umpamana, gawé mindo dua bau, jeung saterusna sangkan henteu jungjat.[2]

Ku lantaran pepelakan perelu ditungguan komo anu anyar ceb mah, sangkan karoris ogé nyingkahan tina gangguan sato leuweung.[2] Ku alatan kitu saheulaanan mah anu mitani téh sok ngadon pindah heula ti lembur ka éta tempat beunang ngababak.[2] Kadieunakeun ngababak atawa mabakan sok dihartikeun nyieun lembur anyar atawa bakal pilembureun.[1][2][4]

Babakan ogé nunjul kana hiji tempat anu dipaké nganjrek ku jalma anu mumbara, ku kituna éta tempat sok dingaranan luyu jeung daérah asalna jalma-jalma anu nganjrek di éta tempat.[5] Babakan ogé sok disebut anak kampung.[6]

Remove ads

Dicutat tina

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads