Bareuh

From Wikipedia, the free encyclopedia

Bareuh
Remove ads

Bareuhturgescence atawa tumefaction nyaéta ngabadaganna bagéan awak nu abnormal saheulaanan, anu disababkeun ku proliferasi sel.[1] Ieu perkara téh disababkeun ku ngumpulna cairan di jaringan.[2]  Ieu bisa kajadian di sakumna awak, atawa bagéan organ tinangtu jeung bisa kapangaruhan (kalokalisir).[2] Bareuh biasana mah teu bahaya jeung mangrupa réaksi umum tina paradangan atawa geuneuk.

Fakta Singget ICD-10, ICD-9 ...

Bareuh dianggap salah sahiji ti lima katakteristik paradangan, nu dibarengan ku nyeri, panas, bareureum, jeung leungitna fungsi.

Sacara umum, rarangkén tungtung "-megaly" sok dipaké pikeun nujul kana tumuwuhan, saperti dina hepatomegaliakromegali, jeung splenomegali.

Bagéan awak bisa bareuh, minangkana mah réspons tina tatu, inféksi, atawa panyakit. Bareuh, utamana mah dina pigeulang suku, bisa kajadian mun parédaran getih dina awak teu lancar. Mun réténsi cairan lumangsung nepi ka tingkat simtomatik, hasilna bareuh.

Bareuh saawak-awak, atawa édema badag (sok disebut anasarca), mangrupa tanda umum pikeun jalma nu gering parna. Sanajan édema biasa bisa jadi hésé didétéksi ku saliwatan mah, utamana ka jalma nu obésitas, ari umumna mah édema sidik pisan kaciri.

Remove ads

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads