Barter

From Wikipedia, the free encyclopedia

Barter
Remove ads

nyaéta kagiatan silitukeur barang antara individu/ kelompok jeung individu/ kelompok séjén didadasaran ku kamupakatan dua pihakanana.[1] Ti jaman baheula, manusa satékah polah usaha pikeun nyumponan kabutuhan.[1] Kabutuhan manusa mangsa baheula kaitung basajan, nepi ka dina nyumponana ogé henteu hésé teuing.[1] Manusa nyumponan pangabutuh hirupna dina awalna mah ku usahana sorangan; lamun lapar moro atawa ngala bungbuahan, pakéan cukup ku buatan sorangan.[2] Lambat laun manusa mimiti ngarasa naon-naon anu dihasilkeunana ku sorangan can bisa nyumponan pangabutuh hirupna.[2] Jadi pikeun meunangkeun barang-barang anu henteu bisa dihasilkeun ku sorangan, manusa mimiti néangan manusa séjén anu daék nukeurkeun barang anu dipikabutuhna jeung barang milikna.[2] Mangka timbul silitukeur barang, anu disebut barter.[2] Silicumponan kabutuhan ku cara barter, dina awalna mah lumangsung lancar teu pati loba hambatan.[1] Tapi sanggeus manusa mingkin loba kabutuhanana, barter mingkin hésé dilaksanakeunana.[1]

Barter

Thumb
Hiji ilustrasi dina koran anu ngagambarkeun hiji lalaki anu keur barter mayar langganan koran ku produk pertanian
Remove ads

Fungsi Barter

  1. Minangka Média Transaksi.[1] Dina kagiatan barter, transaksi jual-beuli teu bisa dipilampah lantaran euweuh alat pembayaran anu bisa digunakeun.[1] Ajén masing-masing barang anu ditukeurkeun dianggap sarua.[1]
  2. Minangka Panghubung Antarindividu/ Kelompok.[1] Masing-masing pihak boga kamampuh anu béda nepi ka ngamungkinkeun ayana interaksi antarindividu/ kelompok anu kamampuh sumberdayana béda-béda.[1]
  3. Barter Ngurangan Surplus Barang.[1] Hiji jalma ngalakukeun barter lantaran mibutuh barang anu aya di jalma séjén.[1] Barang anu dipasrahkeun ka jalma séjén nyaéta barang anu ajénna kurang dibandingkeun jeung barang anu dipibutuh.[1]
Remove ads

Kahéngkéran Barter

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads