Basa Batak

basa From Wikipedia, the free encyclopedia

Basa Batak
Remove ads

Basa Batak nyaéta basa nu dipaké ku masarakat sélér Batak di Sumatra Kalér. Ieu basa kaasup kana dapuran Northwest Sumatra-Barrier Islands dina dapuran basa Melayu-Polinesia. [1] Sacara gurat badag, para ahli ngabédakeun basa Batak jadi dua rungkun basa batak anu béda nepi ka éta dua basa téh teu bisa komunikasi, nyaéta rungkun kidul jeung kalér. [2] Rungkun kalér ngawengku basa Karo jeung Papak-Dairi, sedeng rungkun kalér ngawengku basa Angkola, Mandailing, jeung Toba.[2] Sawatara ahli ngagolongkeun basa Simalungun kana basa antara rungkun kalér jeung kidul.[2] Tapi, panalungtikan kabéhdieunakeun bisa ngabuktikeun yén basa Simalungun téh mangrupa cabang ti rungkun basa Kidul saméméh basa Toba jeung Angkola-Mandailing kawangun. [2]

Informasi leuwih jero ), Status resmi ...
Thumb
Peta basa Batak
Remove ads

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads