Basa Tagalog

basa From Wikipedia, the free encyclopedia

Basa Tagalog
Remove ads

Basa Tagalog nyaéta basa anu loba dipaké di Pilipina. Ieu basa masih kénéh aya hubungan kulawarga jeung basa di Indonésia (Kalimantan jeung Gorontalo - Sulawesi Kalér, utamana basa Mongondow) jeung Malaysia (Sabah). Basa Tagalog ieu abus kana kulawarga basa Austronésia,[1] babarengan jeung basa Maori, Indonésia, Malayu, Hawaii, jeung basa suku di Taiwan . Kasaruaan jeung basa Indonésia téh aya dina lobana sasaruaan kosa kata saperti anak, mahal, murah, kambing, ako, ikaw, jeung réa-réa deui.[2]

Thumb
Basa Tagalog
Remove ads

Jumlah panyatur

Tagalog téh salah sahiji dialék tina basa resmi nagara Pilipina. Basa ieu dipaké salaku basa indung ku kira-kira 21 juta jelema, jeung sakitar 50 juta deui maké éta basa minangka basa kadua. Kusabab jumlah panyaturna kacida lobana, loba urang Indonésia nyangka yén Tagalog téh basa resmi. Panyatur asli basa Tagalog lolobana cicing di sababaraha propinsi kawas Bulacan, Bataan, Aurora, Batangas, Cavite, Laguna, Metro Manila, Nueva Ecija, Quezon, jeung Rizal. Salian ti éta, di luar Pulo Luzon, basa Tagalog ogé dipaké di Kapuloan Lubang, Marinduque, jeung bagian kalér jeung wétan Pulo Mindoro.[3]

Remove ads

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads