Basisir Gading
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Basisir Gading (Côte-d'Ivoire; basa Perancis: [kot diˈvwaʁ]) atawa Ivory Coast, mangrupa hiji nagara di Afrika Kulon. Nagara ieu tepung wates jeung Liberia, Guinea, Mali, Burkina Faso, sarta Ghana; wates kidulna aya sapanjang Teluk Guinea.
Saméméh panjajahan ku Éropa, di Basisir Gading pernah aya sababaraha nagri, kaasup Gyaaman, Kakaisaran Kong, jeung Baoulé. Pernah aya dua karajaan Anyi, Indénié jeung Sanwi, nu nyobi nahankeun cicirénna dina jaman panjajahan Perancis jeung sanggeus kamerdikaan nagara.[4] Hiji traktat 1843–1844 nyieun Basisir Gading hiji "protéktorat" ti Perancis jeung dina 1893, jadi hiji jajahan Perancis salaku bagain ti Parebutan Afrika Éropa. Basa resmina nyaéta basa Perancis, sanajan loba basa lokal nu dipaké sacara luas, kaasup Baoulé, Dioula, Dan, Anyin, jeung Cebaara Senufo.
Remove ads
Ngaran
Wewengkonna jeung nagarana katelah salaku "Basisir Gading" (basa Indonésia: Pantai Gading). Dina Oktober 1985, pamaréntahna sacara resmi ngagentos ngaran nagara ka "Côte d'Ivoire".[5]
Loba pamaréntah nganggo "Côte d'Ivoire" pikeun alesan diplomatik. Organisasi nu ngaggo "Côte d'Ivoire" kaasup FIFA jeung Komite Olimpiade Internasional, majalah warta The Economist,[6] Encyclopædia Britannica,[7] jeung National Geographic Society.[8]
Remove ads
Région jeung departemén
- Artikel utama: Région di Basisir Gading, Departemén di Basisir Gading
Basisir Gading dibagi kana 19 région (régions):
- Agnéby
- Bafing
- Bas-Sassandra
- Denguélé
- Dix-Huit Montagnes
- Fromager
- Haut-Sassandra
- Lacs
- Lagunes
- Marahoué
- Moyen-Cavally
- Moyen-Comoé
- N'zi-Comoé
- Savanes
- Sud-Bandama
- Sud-Comoé
- Vallée du Bandama
- Worodougou
- Zanzan
Région-région salajengna dibagi deui kana 81 departemén.
Populasi kota-kota utama
Ibu kota resmi Basisir Gading nyaéta Yamoussoukro (295.500). Abidjan, kalawan populasi 3.310.500, mangrupa kota panggedéna jeung ngalayanan salaku puseur padagangan jeung bank ti Basisir Gading jeung ogé salaku ibu kota de facto.
Remove ads
Tempo ogé
- Perang sadulur di Basisir Gading
- Komunikasi di Basisir Gading
- Fédération Ivoirienne du Scoutisme
- Hubungan luar nagri Basisir Gading
- Misi diplomatik Basisir Gading
- Daptar kota di Basisir Gading
- Daptar inohong Basisir Gading
- Tansportasi di Basisir Gading
Catetan
Réferénsi
Bacaan salajengna
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads

