Bedog
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Bedog téh pakarang paranti motong, tuktak-teukteuk.[1]. Bangsa péso gedé paranti kudak-kadék.[2]. Pakarang paranti kudak-kadék.[3][4][5][6]

Pungsi Bedog
Pungsi Praktis
Pungsi praktis leuwih nyoko kana harti ngadeudeul pagawéan, nyindekelkeun kagunaan bedog dina kahirupan sapopoé kayaning keur nuar awi, meulah suluh, meulah awi, nyisit awi pibilikeun, kudak-kadék di kebon, keur meuncit sasatoan, nyacag daging jeung réa-réa deui. hal ieu luyu jeung ngaran-ngaran bedog nu aya pakaitna jeung pagawéan.[1] Bedog gagaplok dipaké kudak-kadék di kebon, bedog pameuncitan dipaké meuncit sasatoan, bedog jonggol atawa bedog hambalan biasana dipké mesék kalapa kalawan misahkeun tapasna, bedog gula sabeulah dipaké pikeun ngabutik.[1] Dina pungsi praktis, bedog téh henteu ngutamakeun wangun nu alus, tapi leuwih ngutamakeun kakuatan jeung seukeutna.[1]
Pungsi Simbolis
Jaman baheula bedog miboga ajén karamat. Bedog boga ajén pikeun ngangkat harkat darajat nu nyimpenna, malah mah mibanda unsur lianna saperti mawa berkah salamet.[2] Kiwari simbol karamat geus ngalaman parobahan, lantaran kiwari mah nu némbongkeun simbol kagagahan téh kayaning boga mobil, motor jrrd.[2]
Pungsi Éstétis
Pungsi éstétis tina bedog salian dipaké pakakas, bisa ogé dijieun papaés di imah, dijieun barang koléksi.[1] Tumali kana pungsi éstétis bedog, panday jeung maranggi nyumponan udagan éstétis.[1] Wilah bedog di alus-alus, ukiran maranggi disaluyukeun jeung pungsina, atuh ragam hiasna beuki beunghar. Wanda pérah jeung sarangka beuki beunghar deuih, lian ti taliti dina detil. Ku cara kitu bedog sapuratina boga ajén nu luhung. Teu matak éra sanajan teu disebut karya seni ogé.[2]
Pungsi Ékonomi
Bedog geus jadi komoditi, barang nu dijieun objék jual beli, aya babasan nu unina panday mah tara boga bedog hartina sasarina ari tukang mah tara bogaeun barang jieunanana sabab lamun aya nu meuli sok dijual. [7].
Remove ads
Référénsi
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
