Bénin
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Bénin (baheulana, Dahomey), resmina Républik Bénin, nyaéta hiji nagara di Afrika Kulon. Nagara ieu tepung wates jeung Togo di kulon, Nigeria di wétan, jeung Burkina Faso sarta Niger di kalér. Garis basisir kidulna dina Teluk Bénin di mana kalolobaannana populasi aya.[4] Ibu kota Bénin nyaéta Porto-Novo, tapi kadudukan pamaréntahanna aya di Cotonou. Bénin miboga aréa kira-kira 110.000 kilométer pasagi (42.000 mil pasagi), kalawan jumlah populasi kira-kira 9,05 yuta. Bénin mangrupa hiji nagara tropis, sub-Sahara, loba gumantung kana tatanén, kalawan panggawéan nu loba jeung pamasukan ti tatanén napkah.[5]
Basa resmi Bénin nyaéta Basa Perancis, tatapi, basa pribumi kawas Fon jeung Yoruba ilahar dipaké. Grup ageman nu panggedéna di Bénin nyaéta Katolik Roma, dituturkeun ku Islam, Vodun, jeung Protéstan.
Remove ads
Departmén jeung komune

- Artikel utama: Departemén di Bénin, Komune di Bénin
Bénin dibagi kana 12 departmén (Basa Perancis: départements), jeung dibagi deui kana 77 komune.
- Alibori
- Atakora
- Atlantique
- Borgou
- Collines
- Donga
- Kouffo
- Littoral
- Mono
- Ouémé
- Plateau
- Zou
Tempo ogé
- Daptar nagara kalawan ibu kota nu leuwih ti hiji
Bacaan salajengna
- Butler, S., Benin (Bradt Travel Guides), (Bradt Travel Guides, 2006)
- Caulfield, Annie, Show Me the Magic: Travels Round Benin by Taxi, (Penguin Books Ltd., 2003)
- Kraus, Erika and Reid, Felice, Benin (Other Places Travel Guide), (Other Places Publishing, 2010)
- Seely, Jennifer, The Legacies of Transition Governments in Africa: The Cases of Benin and Togo, (Palgrave Macmillan, 2009)
Réferénsi
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads

