Tropis
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Tropis nyaéta daérah atawa wewengkon anu pernahna aya dipalebah/sabundeureun khatulistiwa [1] disebut ogé garis isotherm cidekna bisa waé beulah kidul atawa kalér,[2] daérah anu mibanda iklim tropis bisa waé dina palebah guratan 23,5 darajat lintang kidul jeung 23,5 darajat lintang kalér[2]. Tropis asal kecap tina basa Yunani "tropicos" anu hartina garis balik, maksudna garis/gurat anu pernahna 23,27 darajat kidul jeung kalereun bumi[3].


Remove ads
Pedaran
Daérah-daérah anu pernahna aya dina wewengkon tropis bisa dibedakeun kana dua kaayaan; daérah tropis garing anu ngawengku bioma stepa, bioma savana, jeung gurun.[2] Dérah tropis baseuh/lembab ngawengku daérah leuweung hujan tropis (bioma leuweung hujan), daérah anu mibanda usum-usum jemlék[2].
Ciri-ciri iklim tropis
- Pernahna aya dina 23,5 darajat lintang kalér jeung 23,5 darajat lintang kidul
- Hawana karasa panas nyongkab 20-30 darajat, ieu dilantarankeun ku cahaya panonpoé anu manceran lempeng aya di luhureunna
- Hawana kawilang netep, henteu aya gunta ganti hawa anu leuwih ti misti (umpamana hawa tiis nepika bijil salju).
- Langitna loba haseup ku lantaran tina uap cai anu kapanasan, utamana cai laut.
- Usum hujan leuwih lila jeung dinamangsa hujan kawilang gedé (ngagebrét)
- Daérahna kawilang subur, ku lantaran usum hujan leuwih lila
- Panonpoé moncorong sapanjang taun
- Ngan mibanda dua usum tayalian usum hujan jeung usum halodo
- Tatangkalan anu aya di wewengkon tropis leuwih kékép jeung kelirna héjo[2]
Remove ads
Nagara-nagara anu mibanda iklim tropis
Beulah kulon
Beulah wétan
- Yaman
- Arab Saudi (beulah kidul)
- Oman
- Uni Emirat Arab[2]
Tatangalan anu aya di daérah tropis
Leuweung di di wewengkon tropis mibanda ciri mandiri pangeusina leuwih kékép, dauna garomplok ku lantaran kitu leuweungna jadi leuwih poék. Sababaraha tangkal anu hirup di leuweung tropis:
Remove ads
Sasatoan anu aya di daérah tropis
- Sabudeureun Afrika ;Gorilla, gajah, peusing, onta, kuda nil, jeung sajabana
- Di Asia ; Badak, gajah, maung, biruang, mencek, uncal, jeung sajabana
- sabudeureun Australis ; Cendrawasih, Kiwi, platypus, jeung réa-réa deui
- Di Afrika tengan jeung sabudeureuna : Rupa-rupa kalong, banténg, lauk piranha, kungkang , jeung réa-réa kénéh [2]
Dayeuh anu mibanda iklim tropis
Tutumbu kaluar
Wikimedia Commons memiliki media mengenai Tropis.
- Tropen, Goethe-Institut http://wayback.archive.org/web/20150311063809/http://www.goethe.de/tropen (bilingual web site English/German with a lot of information and extracts from novels, short stories, essays, etc. written by explorers, conquerors and writers since the discovery of the so-called New World)
Tempo ogé
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
