Beunying
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Beunying; Ficus fistulosa nyaéta hiji spésiés tina tuwuhan dina kulawarga Moraceae.[1][2] Ieu tutuwuhan téh ngandung potensi jadi ubar lantaran ngandung senyawa alkaloid, triterpenoid jeung flavonoid anu mangrupa kelompok senyawa bioaktif[3]. Jangkung tangkalna bisa nepi kana 20 m jeung 21 dbh, jeung diaméter 25 cm.[4] Catangna boga geutah anu warnana bodas. Kalakayna regas, babari potong. Stipula kira-kira 10 mm, gundul. Ukuran diaméter buahna 10mm, warnana konéng semu coklat, wangunna buleud, mibanda daging buah. Buahanna téh ranggeuyan napel kana kalakay jeung catangna.[4]
Remove ads
Ékologi
Beunying bisa hirup dina kondisi alam ti mimiti wilayah dipterocarp campuran nu teu kaganggu, nepi ka leuweung sub-pagunungan, sarta nepi kana 1.700 m. Dina tonggong pasir jeung pagunungan anu miboga tékstur taneuh teula (taneuh liat) nu pacampur jeung keusik.[4]
Distribusi
Ti mimiti India wétan jeung laut Cina kidul ka New Guinea. Di Bornéo loba kapanggih di Sarawak, Sabah jeung Kalimantan Wétan.[4]
Kagunaan[4]
- Pucukna bisa didahar atah keur ubar méncrét.
- Buahna bisa didahar.
Dicutat tina
Tutumbu Kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads