Bison

From Wikipedia, the free encyclopedia

Bison
Remove ads

Bison nyaéta sato anu kaasup kana mamalia anu mibanda kuku panceg atawa jangkep. Manéhna mangrupa genus Bison tina sabagian kulawarga Bovinae jeung kulawarga Bovidae. Bison cicing di bagian kalér bumi. Bison Amerika cicingna di Amérika kalér. Hirupna nepika umur 20 taun. Dina waktu dilahirkeun teu bogaeun tanduk.[1]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Species ...


Bison salah sahiji sato panggedéna di darat anu ayana ngan wungkul di Amérika jeung Éropa. Di Amérika, bison biasana netep di landeuh susukan jeung dataran jujukutan atawa tegalan sarta daérah anu loba rungkun tutuwuhan sabab kadaharanna jujukutan jeung tutuwuhan anu ngarungkun.[2]

Sedengkeun bison Éropa lolobana hirup di leuweung anu teu pati kékép ku tutuwuhan, Ogé di dataran anu loba rungkun tutuwuhan. [2]Bison salah sahiji sato mamalia mibanda tanduk hirupna ngumpul jeung padabaturna, sanajan henteu jiga sato anu séjénna, kumpulan jalu papisah jeung bison bikang. Papangihna engké lamun geus datang usum kawin.

Dina taun 1800-an bison Amérika ditétélakeun tumpur kahirupana, ku sabab jumlahna kacida ngurangan alatan diboro ku manusa katambah kaséréd tempat hirupna alatan pangwangunan. Antukna sababara urang peternak mitembeyan ngingu bison sangkan baranahan anu hasilna nepi ka kiwari jumlah bison bisa kaluar tina katumpuran sanajan kitu ogé aya sabaraha rupa bison teu kapuluk nepikeun ka tumpurna.[3]

Remove ads

Pola Pindah Tempat atawa migrasi

Jaman baheula, bison Amérika (Bison bison) pindah tempat atawa migrasi aya usumna jalana ngaliwatan Great Plains. Sakumpulan bison lobana nepika 4.000.000 mangsana usum ngarangrangan daun maranéhna pindah ti kalér ka kidul. Tuluy baralik deui dina wanci usum hujan di mana keur meujeuhna héjo lémbok ku jujukutan. Lalampahan ieu Bison nguriling nyingkahan usum tiris atawa salju kurang leuwih 320-640 kilométer (200 nepika 400 mil) nepi ka dtang wanci usum panas.[3]

Remove ads

Tutumbu Luar

Dicutat tina

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads