Bohlam
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Bohlam nyaéta lampu nu mimiti kapanggih ku Thomas Alva Edison tina hasil panaluntikan panjang di laboratoriumna.[1][2] Bohlam mangsa harita jadi hiji sumber cahaya ayar nu katelah lampu, ieu lampu kacida gedé mangpaatna pikeun kahirupan manusia nepi ka kiwari.[1]

Sajarah
Baheula sumber cahaya nu bisa dijieun taya lian tina seuneu, dijieun tina suluh, minyak, geutah, jeung sajabana.[2] Kadieunakeun sumber cahaya tina seuneu nu leuwih gampang nyieunna kayaning; korék api, lilin, patromak, lampu semprong jeung sajabana.[2] Hanjakal éta kabéh sumber cahaya téh mibanda kalemahan, taya lian ti ngahasilkeun panas antukna teu saeutik ngabalukarkeun kahuruan.[2] Pikeun nutupan éta kakurangan, panaluntikan geus dilakukeun ku sababaraha élmuwan, geusan ngajawab kana rupa-rupa masalah sumber cahaya.[3] Tayalian Thomas Alva Edison dina laboratorium panaluntikanna, manggihan hiji sumber cahaya nu dingaranan lampu.[1] Manéhna geus hasil nyieun kantetan listrik kana bahan-bahan nu geus ditangtukeun, sahingga ngahasilkeun cahaya nu mangpaatna bisa karasa nepi ka kiwari.[2] Lampu pamanggihna ieu dingaranan bohlam (bulb), alatan wujudna kawas balon nu melendung alatn ditiup.[1] Bohlam ogé dina mimitina mindeng di maksudkeun pikeun nyebut lampu pijar, tapi kiwari bareng jeung undakna élmu pangaweruh bohlam dipaké pikeun nyebut kana lampu sumber cahaya naon waé rupa lampuna.[1]
Remove ads
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
