Boron

From Wikipedia, the free encyclopedia

Boron
Remove ads

Boron nyaéta hiji unsur kimia dina tabél périodik anu miboga lambang B jeung nomor atom 5.[1] Boron mangrupa unsur non-logam jeung mangrupa hiji-hijina non-logam tina kolompok 13 tabél périodik unsur.[2] Boron aya dina kondisi kakurangan éléktron ku sabab miboga p-orbital kosong.[2] Ieu unsur miboga sawatara bentuk, nu pangilaharna mah nyaéta boron amorf dina wangun bubuk lestreng, teu réaktif kana oksigén, cai, asam jeung basa.[2] Boron ngaréaksi jeung logam pikeun ngawangun borida.[2] Dina suhu kamar, boron mangrupa konduktor listrik anu goréng tapi mangrupa konduktor anu hadé dina suhu luhur.[2] Sanyawa nu pangékonomisna sarta nu penting tina boron nyaéta natrium tetraborat dekahidrat (Na2B4O7 • 10H2O), atawa boraks téa.[2]

Thumb
Boron
Remove ads

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads